Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Ditungtut

 


(Cerita berisi tentang kegiatan anak-anak berpuasa yang biasa mengumpulkan makanan ketika hendak berbuka puasa, tetapi makanan yang dikumpulkannya hanya sebagian kecil yang dapat dimakan.)

 

Carita Poé Ieu

Ditungtut

Balik ti kebon, nyangharepan tanjakan. Tikoro kumerot ninggali cai herang kaluar tuna bak panampungan. Lebah tonggoh, sisi astana, katinggali Kang Aji keur ngiuhan. Bari heureuy, Kuring nyarita, "Kang Aji, kadé ah bari ngiuhan téh ulah bari udud atawa ngopi. Karék jam sawelas.

"Henteu guru, ari wayah kieu mah kuat kénéh puasa téh. Ieu wé keur ngadongeng jeung Si Ajum ngeunaan barudak anu sok ngumpul-ngumpul dahareun jang buka."

"Naha kumaha?"

"Enya éta, sagala rupa dahareun dikumpul-kumpul. Sakitu geus loba, éh ménta kénéh duit. Ceunah keur jajan bari ngabuburit ka terminal. Atuh balikna ranggem. Waktu buka, ngalekik Kana cai, dua kelas dilekik. Terus am kana dahareun. Karek dua rupa geus unggah-enggeh. Cul wae dahareun anu numpuk teu ditolih."

Kumaha kaayaan budakna?"

"Kitu we ngajajapang bari mencétak beuteung. Kamerkaan. Panasaran ku Kuring ditanya, kumaha keur puasa isukan. Naha rék ngumpul-ngumpul deui dahareun?"

"Kang Aji kumaha jawaban budak ditanya Kitu teh?"

"Pa, isukan mah dahareun téh rék ditungtut ti asar kénéh, ambeh pas magrib geus beak. Kitu jawaban budak téh, Guru.”

“Hadé jawaban téh.” Ceuk kuring bari ngaleos.

 

Mekarsari, 16 April 2022

Sumber : Kang Aji.

2

  1. Haturan Pak, alhamdulillah resep ngaos na, nambih-nambih bahan kanggo dongéngkeuneun deui, hatur nuhun pisan....
    Namung hapunten sakedik seja ngiring mairan, aya sababaraha kecap anu lepat nyerat katawis na, sepertos anu kedah na TINA janten TUNA, GELAS janten KELAS, ogé anu kedah na é diserat e sareng sajabina.
    Hapunten pisaaaaan téh, héhé

    ReplyDelete
  2. Nuhun pisan Kang Agus kana sadaya koreksina

    ReplyDelete