 |
| Duka Teu Ngiringan |
Carita Poe Ieu
Dina WA grup aya surat
undangan rapat. Baca sajorelat. Da puguh keur riweuh. Langsung nulis jawaban,
“Mangga Pa”. Maksud supaya katinggali eta surat geus dibaca jeung kuring siap
milu rapat.
Ret kana waktuna rapat.
Alah ningan jam salapan. Ah, gewat we nulis deui chat. “Abdi rada siang
sakeudik bade rapat ortu heula”
Geus kitu mah kuring
gura-giru ngalaksanakeun rapat. Malum rapat jeung orang tua, teu bisa ngebut
nyampeykeun materi teh. Da sidik kemampuan orang tua teh heterogen pisan. Rapat
karek beres jam sapuluh.
Inget kana waktu rapat anu
jam salapan tea. Geus teu nolih deui kana naon-naon. Kantong disolendangkeun,
gewat pamit ka guru-guru jeung orang tua anu masih keneh bengong ninggali
kalakuan kuring.
Nepi ka tempat rapat sepi.
Kuring reuwas. Boa-boa rapat geus beres. Lamun geus beres tea mah, aduh kumaha
kuring nahan ka era ka pimpinan. Ah panasaran kuring nga-WA deui.
“Teu acan aya sasaha
gening, Pa.”
“Di mana Ibu?” Ceuk
pimpinan kuring.
“Di Gedung PGRI.”
“Naha bade naon di Gedung
PGRI?”
“Pan Bade Rapat, sesuai
sareng Uleman ti Bapa.”
“Ibu, ayeuna dinten
Jum’ah. Rapat mah dinten Saptu.”
“Astaghfirulloh, aduh...
Abdi gagal focus.” Ceuk kuring bari nepak tarang. Belengeh seuri sorangan.
“Ha ha ha ..” Jawab
pimpinan kuring bari nembongkeun stiker tepuk tangan dua kali jeung stiker anu
lumpat.
“Aduh litersi abdi awon.”
“Duka ah, teu ngiringan.”
Shardun Tabayun,
Sukasari, 23 Okktober 2020
0
Post a Comment