Lain Roko
11/08/2020
Add Comment
Carita Poe Ieu
Lain Roko
Rugap ragap kana saku baju. Euweuh. Rugap ragap kana saku calana. Euweuh. Kamana korek api. Ari roko aya kana dua bungkusna. Aduh kumaha nyundutna. Rek balik deui ka imah, piraku da geus jauh. Kumaha engke di kebon moal bisa ngaroko. Da sidik kebon kuring jauh pisan ka warung. Jeung saha anu daek dagang di kebon anu anu jauh ka ditu ka dieu.
Rentang-rentang aya jalma lempang nyampeurkeun. Anu jadi bungah kaciri dina biwirna aya anu bodas. Ah, jigana keur ngaroko. Alakadala, kuring teu kudu bingung neangan korek api atawa bensin. Ieu geus teu kuat hayang ngenyot roko.
Beuki deukeut eta jalma anu nyampeurkeun teh, kuring beuki bungah. Kira-kira geus tilu meter deui kuring ngajenghok. Sadar. Terus seuri sorangan. Ningan anu nolol dina biwir eta jalma teh lain roko. Tapi huntu. Aduh...
Sardun, Sukapura, 15 Februari 2020
Sumber carita Ki Lanceuk.

0
Post a Comment