Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Sorodot Guprak

 


Sorodot … Guprak…

Bulan ayeuna geus tilu kali kalakuan kitu téh. Anu kahiji basa balik ti SD Moh. Madta. Hujan badag. Lebah pengkolan Ciumur-Umuran aya masyarakat anu ngabadagan jalan. Jalan jadi leueur. Eukeur mah nutug, belok deuih. Haté sebér. Luak-lieuk heula. Geus yakin euweuh jalema. Kuring turun. Motor ditungtun. Kira-kira salawé méter mah aya, kuring nungtun motor.

Anu kadua, harita kuring jam opat soré karék balik ti sakola. Da sidik hujan. Ngadagoan raat. Geus raat mah, kuring gewat balik. Lebah Neglasari rada leueur, tapi motor masih kénéh ajeg teu gagaleongan. Kuring agé panceg nyekel stang. Sup, ka Legok Malampen masih kénéh bisa. Tah ti mimiti Pasir Munding mimiti sebér. Haté seseblakan. Motor ngageuleuyeung sorangan. Jantung ratug. Tapi tetep dipaksakeun motor maju lalaunan. Rék ditungtun piraku. Éra loba anu wawuh. Beuki maju, jalan beuki leueur. Éléh déét, motor ditungtun deui. Bari seméméhna luak- lieuk heula bisa aya jalema. Aya saratus méter mah kuring nungtun motor.

Poe ieu, jam opat soré,  kuring masih kénéh di SD Moh. Madta. Aya béja, yén lebah Kebon Hui aya caah badag. Cai ka jalan. Ari caah lebah dinya mah, kuring teu pati sieun. Da sidik jalanna datar. Kajeun caah rada badag ogé, da urutna tara pati leueur. Kuring tenang wé. Satengah lima kuring amitan.

Sup,  ka belokan Ciumur-umuran. Jalan garing. Kuring teu turun tina motor. Ukur belengeh seuri sorangan. Inget waktu nungtun motor. Sup, Ka Neglasari, mimiti aya lumpur. Boa-boa lebah Pasir Munding leueur deui. Haté mimiti sieun.

Kahariwang kasorang. Enya, Pasir Munding téh leueur kacida. Galéong motor, ban tukang jiga hayang miheulaan. Da sidik mencét rém harep tarik teuing. Haté sebér. Motor eureun heula. Bari kuring ngarenghap ninggali jalan lunyu di harep. Tarik napas, neger-neger manéh.

Sorodot … Guprak... Di tukangeun kuring aya anu labuh. Motorna malang di tengah jalan. Stang motor ngababuk hulu mobil. Corowok supir mobil bari semu nyarékan. Anu labuh, bari ngaboncéng, ngabetem. Teu nembal corowokan supir. Motor dadas, pakéan pinuh ku lumpur.

Geus ninggali kitu mah kuring teu loba anu dipikir deui. Leungit rasa ka éra. Jut turun tina motor. Ténjrag taneuh tilu kali. Motor ditungtung deui waé. Sapanjang jalan Pasir Munding kuring nungtun motor.

 

Shardun Tabayun,

Sukapura, 16 November 2020.

0

Post a Comment