Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Éy, Bapa Teu Tiasa Ngetang

 


Carita Poe Ieu

Huruf Abjad


Asa loba caritakeneun poe Minggu ieu. Anu pangahirna datang ti babaturan kuring. Manéhna ulin ka Cisanti. Sok sanajan geus puluhan kali, da sidik urang dinya. Éh, hayang wé ulin ka tempat wisata mah. Keur jongjon ulin, aya budak leutik kira-kira kelas opat nanya.


“Bapa, dupi huruf abjad sabaraha hiji anu leresna?”


Ditanya kitu, manénhna rada ngagebeug, rada ngarénjag. Sok sanajan teu ketinggali reuwas. Teu kitu kumaha. Éta pertanyaan téh rada énténg tapi ari keur kitu mah teu bisa dijawab langsung. Sok sanajan geus lila jadi guru, malah ayeuna geus leuwih opat taun jadi mantri guru. Tapi ari kana jumlah abjad mah tara ieuh diitung. Sup leungen kana saku. Dina saku leungen utek-utekan. Milang timimiti huruf A nepi ka Z. Kapanggih we jumlahna aya 26.


“Aya dua puluh genep anu leres mah.”


Dijawab kitu, éta budak kalah seuri bari semu anu ngalédék.


“Salah atuh Pa, ari dua puluh genep mah.”


Manéhna ngarasa héran. Naha manéhna anu salah atawa budak anu nanya anu salah. Da sidik geus diitung.  abjad mah aya dua puluh genep. Bari panasaran manehna nanya ka budak.


“Naha jeung salah? Pan abjad mah aya dua puluh genep. Geura sok etang!”


“Éy, Bapa teu tiasa ngetang. Piraku huruf abjad aya dua puluh genep. Asa tebih-tebih teuing.”


“Ari atos atuh aya sabaraha hiji?”


“Aya lima atuh, Pa!”


“Naha lima? Dikamanakeun anu dua puluh hiji deui?”


“Geura sok ku Bapa étang. Da huruf abjad mah ngan lima-limana. 1. a, 2. b, 3. j, 4. a, 5. d.”


Ngadéngé kitu manéhna olohok mata simeuteun. Nepak tarang. Waduh éta umat leutik geus wani-wani nipu kuring. Kitu galecok haté manéhna. Hayang males, piraku da ka budak. Ukur bisa seuri koneng. Éta deuih, pertanyaan umat leutik teh diposting dina WA grup. Kuring milu ngajawab. atuh kuring oge katipu. Dina waktuna mah Si Sardun oge katipeng.

 

Sardun Tabayun (Oma Ajah)

Mekarsari, 10 Maret 2019

Sumber Carita Ti Ki Lanceuk.

 

0

Post a Comment