Carita Poe Ieu
Jagong Keur Eupan
Unggal isuk muka jandéla, bray katinggali tangkal sampeu keur
mejehna ngémploh héjo di kebon tatangga. Pucukna marontok. Lamun disepan, terus
dicoélkeun kana sambel, sangu haneut menang ngakeul. Tambah gorengan asin peda
leutik, aduh moal teu pedo jeung nikmat. Matak uruy, kumetap, karasa ngageleser
kana letah. Aduh tada teuing nikmatna.
Kitu ningan ari anu keur nyiram, teu kaop nempo kadaharan,
dibayang-bayang, dicipta-cipta. Daun sampeu oge karasa leuwih nikmat alabatan
daging. Sok sanajan ukur lamunan.
Sakali waktu kaambeu aya anu ngulub jagong ti hiji imah di tukangeun sakola. Sok sanajan
kahalangan ku benteng sakola, ku tembok kelas. Alah eta mah hasep kulub jagong
maksa asup kana irung. Sup kana haté. Sup kana pikiran. Kabayang jagong haneut
dipocél, digundukeun dina dampal lengeun terus diasupkeun kana baham. Aduhai énakna
jagong haneut.
Balik sakola buru buru ka imah. Terus diobrolkeun jeung bapana .
Kabenderan aya béja, aya dulur anu karék bérés ngulub jagong. Buru-buru
ditepungan. Bener pisan geus bérés ngulub jagong.
"Bi aya kénéh kulub jagong téh? " Ceuk manehna bari
luak lieuk.
"Alah béak. Aya ogé hiji deui rék dipaké eupan ku Émang manéh."
"Bi, keur kuring wé atuh. Ieu bisi Si Utun Inji ngacay.
" Ceuk manéhna baru ngalengis jeung nyampaan beuteung.
"Ari kitu mah, yeuh wé bawa buru buru mengpeung Émang manéh
euweuh. "
Teu loba carita, éta jagong dicokot, dibawa balik. Datang ka
imah jagong dipésék, geuwat wé digorogotan. Teu dipocél deui. Ngeunah ningan
jagong jang eupan téh. Kitu gerentes haté manéhna.
Sardun Tabayun, Banjaran, 8 April 2018.

0
Post a Comment