Pileuleuyan. Sieun Teu Panggih Deui.
Urang
Silih Doakeun
Baju
baseuh dihijikeun dina kérésék. Baju kotor anu rada
bau belenok ngahaja ditilepen.
Maksud téh supaya teu riba teuing
lamun diasupkeun kana kantong. Anduk jeung sarung anu ngagantung oge gewat ditelepan. Bus, kabehanana
diasupkeun kana kantong. Luak-lieuk bisi aya kénéh
anu acan kaasupkeun. Tapi weleh teu katinggali. “Geus kabeh jigana asup kana
kantong”. Ceuk pikir teh. Bari terus mawa kantong kaluar.
Kantong
ditunda sisi panto belah luar. Panon kuring rurat-rérét neangan sendal. Rét ka kenca euweuh. Rét ka katuhu teu katempo.
di belah harep nya kitu deui. Bari rada éngké-éngkean kuring lempang ka
Kamar pa Mustopa, didinya ogé
lebeung. Terus rada ngétan,
ka kamar Dadang, éh
didinya ogé
lapur. Panasaran ka kamar pangjuruna sugan wé
aya didinya. Tapi di kamar pangjuruna ogé
geus euweuh sendal sabelah-belah acan. Kuring jadi bingung. Boa-boa aya anu
butuheun. Tapi teu mungkin deui. Asa piraku.
Kuring
lempang deui ka ngadekeutan kantong. bari haté mah geus teu pararuguh. Mikiran sendal.
Ti belah kidul aya abringan barudak
ngora bari awakna rancucut. Kuring karék
sadar. Apanan sendal kuring téh
lengit dibasisir. Geus teu kuhanteu. Padahal sendal éta téh sendal kulit anu
dianggap pangjagona keur kuring mah. Tapi dalah dikumaha da kitu kanyataanana.
Geus kaditu kadieu oge kuring néangan
sendal, tapi tetep wé
teu kadeuleu.
Antukna
mah kuring kusuwal-kusiwel, susuganan aya keneh duit sésa meuli asin. Nya untung
aya kénéh. Éleh déét, kuring jig wé ka warung meuli sendal capit.
Rap dipaké,
diilik-ilik. asa jauh pisan lamun dibandingkeun jeung sendal kulit anu lengit mah. Kitu ceuk pikir
kuring. “Cing sabar suku, lamun manéh
kamari biasa maké
sendal kulit, ayeuna mah wayahna maké
sendal capit. Keun wé
sugan isuk geto kasorang deui”. Kitu ceuk kuring ka suku.
Kantong
disolendangkeun, bring waé
kuring milu jeung babaturan rék
muru beus anu geus nagok di belah kalér.
Kakara tujuh lengkah, eta bet hayang malik ningali katukang. Atuh kasuat-suat
deui kana sendal anu lengit. Supaya teu tutuluyan, sakalian we kuring pamitan
ka sendal anu geus lengit. “Pileuleuyan
sendal kulit”.
Urang silih doakeun wé
ayeuna mah. Manéh
cing tumaninah jeung dunungan anyar. Nya kuring ogé cing salamet balik ka
imah. Omat manéh
ulah inget waé
ka kuring, ambeh kuring ogé
teu inget waé
ka manéh. Kuring hampura geus
nincakan waé
maneh”. Tuluy kuring malikeun deui awak merik babaturan anu geus jararauh.
Shardun Tabayu, Pangandaran 4 April 2014
Sumber Carita ti Ki Lanceuk.

0
Post a Comment