Kotak Amal
Kotak Amal
Lebah Baleendah, mobil mengkol ka masjid. Rék sholat asar heula, jeung katinggali aya tukang mie ayam jeung baso tahu. Maksud téh bérés sholat rék jajan heula, da sidik néangan warung sangu mah narutup kénéh. Jigana lalebaran kénéh.
Bus ka wc rék ngécéwér, di tempat wudhu geus kadéngé anu bungsu nyanyi tarik jiga anu cocorowokan. Waktu ku kuring digebés téh, éh, haré-haré wé. Nya kuring teu bisa kukumaha da inget kana kalakuan kuring waktu leutik.
Bérés wudhu bus waé ka masjid. Di jero geus ngadagoan anu cikal, panengah jeung supir. Tapi anu bungsu teu katinggali. Teu loba tatanya. Saeunggeus anu cikal komat mah deker waé sholat. Pas dina rokaat ka opat, torojol anu bungsu ka harepeun kuring, terus gogoléran. Dina haté galécok, naha budak téh teu sholat. Ngalah gogoleran kitu. Nya konsentrasi kuring ogé rada méléncéng. Ah bérés sholat mah gewat wé ditanya.
"Ilman naha teu sholat? "
"Atos sareng ibu, teras wé Dédé téh ngalebetkeun artos sapuluh rebu kana kotak amal. "
Geus ngadengé kitu mah terus wé kuring dzikir sabisa -bisa. Sajero dzikir jeung inget kana jawaban si bungsu, ceunah manéhna téh geus ngasupkeun duit kana kotak amal sapuluh rebu. Enya asa kurang percaya jeung asa piraku. Éta meureun pedah kuring lamun seug ninggali kotak amal sok neangan duit anu pangleutikna. Éta ningan duit anu dua rebu. Paling badag lima rébu. Éta teh teuing kalakuan kuring wungkul atawa ogé loba batur anu kitu. Ari si bungsu umur 10 taun geus bisa ngasupkeun duit sapuluh rebu kana kotak amal bari euweuh anu nitah.
Bérés dzikir,
panasaran nanya ka lanceuk-lanceukna,
naha bener si bungsu geus ngasupkeun duit sapuluh rebu.
"Muhun leres, Pa! " Ceuk lanceuk-lanceukna.
Sardun Tabayun,
Baleendah, 6 Juni 2019.

0
Post a Comment