Sora Suling, Ngeclakeun Cai Mata
Carita Poe Ieu
Sora Suling
Geus dua bulan di masjid teh euweuh
ketua DKM. Ketua DKM anu hebeul geus pindah ka derah lain. Dina hiji poe Ustad
ngumpulkeun jamaah rek ngebentuk ketua DKM anu anyar. Dina riungan eta aya dua
urang anu sanggup jadi ketua DKM. Pa Ustad nanya kanu hadir. Naha dina ngabetuk
DKM teh rek suara mufakat atawa rek
dipilih langsung. Hasilna sarua antara anu hayang suara mufakat jeung anu
hayang dipilih langsung. Pa Ustad bingung. Keur kitu aya tokoh anu ngomong.
“Pa Ustad kumargi kahoyong jamaah sami
seueurna, ayeuna mah mangga kuma Pa Ustad.”
“Cing ka para jamaah, satuju lamun
pemeilhan DKM carana kumaha abdi?” Ceuk Pa Ustad.
“Satuju.......” Ceuk jamaah serempak.
“Nya lamun satuju sadayana mah, ku abdi
bade dilaksanakeun. Cing saha anu dibumina gaduh suling?”
Kabeh jamaah rurat-reret. bari silih
tanya, naon hubungannana pemilihan DKM jeung suling. Tapi jamaah teu wani
nanyakeun ka Pa Ustad. Aya we anu ngajawab.
“Abdi
Pa Ustad gaduh suling.”
“Tiasa niupna?”
“Tiasa.”
“Sok atuh candak kedieu.”
Suling geus aya. Pa Ustad nitah dua
urang jalma anu siap jadi ketua DKM sholat sunat dua rakaat. Anu boga suling
dititah niup suling salila dua calon keur sholat sunat. Suling ngagelik. Anu
ngadenge ampir kabeh ngeclakkeun cai mata. Beres anu sholat, beres anu nyuling.
Pa Ustad nanya ka calon kahiji.
“Bapa kadangu sora suling?”
“Pa Ustad abdi teu terang aya anu
nyuling. Abdi teu ngadangu sora suling. Panginten bakat ku khusu abdi sholat.”
“Muhun.” saur pa Ustad pondok. Terus Pa
Ustad nanya kanu hiji deui.
“Bapa basa nuju sholat kadangu sora
suling.”
“Muhun, Pa Ustad abdi ngadangu sora
suling.”
“Tah ieu anu jadi ketua DKM.” Ceuk Pa
Ustad. Atuh kabeh jamaah rungah-ringeh.
Sardun Tabayun, Sukasari 3 April 2019
Sumber Carita, Ki Lanceuk.

0
Post a Comment