Lamunan Milang Duit Lima Juta
Carita Poe Ieu
TABUNGAN BEKU
Geus
teu kuhanteu. Duit anu ukur tilu pérak deui ogé bet leungit. Bari éta teh keur
meuli béas jeung keperluan dapur. Sagala geus dikaratak, susuganan
kaselap-selip dina saku atawa kantong. Éh, tetep waé teu kapanggih. Tong
boro-boro baju anu ngagantung, malah anu ditilepan ogé dikodokan. Tong boro-boro
kantong anu sok dipaké, malah kantong anu geus bulukan ogé dibukaan. Tapi éta
duit anu tilu pérak teu kapanggih waé. Ti jam hiji beurang nepi ka samemeh
magrib neangan duit anu tilu pérak can kapanggih waé. Awak karasa panas, kesang
tiis ngagarajag. Stres tidituna mah meureun. “Ah, meureun geus milikna”. Ceuk
manéhna ngupahan diri.
Panasaran
muka lomari. Gubrag buku rékening. Dicokot bari dibukaan. Bréh katinggali dina
saldo aya tulisan 5.150.000,- . Alah naha duit nambahan. Saha jeung timana anu
transfer. Da ditanyakeun ka bendahara di kantor, tunjangan acan air. Kitu galécok
haté manéhna.Ari bab haté mah jadi bungah. Duit anu leungit les wé poho,
kapeupeuh ku bungah. Keun waé tilu pérak leungit ogé da ayeuna aya dina
rekening lima juta leuwih. Késang ngoprot jeung kacapé dadak sakala leungit
teuing kamana. Ayeuna tinggal lamunan milang duit lima juta.
Buku
rekening ditilepan. Ditunda dina tempat anu aman. da isukan rék dicairkeun ka
bank. Isuk kénéh geus jigrah nempoan cuaca bari rada sura-seuri. Katinggali
langit lenglang jiga anu ngadukung lenglangna haté manéhna anu rék nyairkeun
duit lima juta. Ah engké jam salapan nyokot duit téh. Ayeuna rék bébérés heula
di imah. Haté manéhna galecok. Kira-kira
jam satengah salapan, imah anggeus diberesihan. Terus dangdan. Bérés dangdan
kadengé di luar cing paralak. Singhoréng hujan. Manéhna berengut bari ngadagoan
hujan. Éh, éta hujan kalah ngabadagan. Jam sapuluh masih badag, jam sawelas
nambahan badag. Parat nepi ka jam opat soré. Atuh menang dangdan teh jadi luntur ku ngadagoan. Bari rada
ngagurutu ogé, dangdanan jang ka bank diganti kudangdanan paranti di imah. Keun
wé meureun lain milik poé ieu. Sugan poé isukan mah halodo. Manéhna ngupahan
diri.
Bari
gégéléhéan dina korsi, manéhna mikiran deui saha anu transfer, éta saldo dina
rekening bet nambahan. Dipikir dibulak balik, tetep teu aya raratan. Gap kana
kopi anu masih panas kénéh dina gelas. Regot diinum. Kakara kapikir. Manéhna
suri sorangan. Ayeuna mah inget. Timana éta duit lima juta téh. Horéng manahoréng,
éta duit téh lain aya anu transfer, lain aya anu méré. lain rejeki nomplok,
lain tunjangan. Tapi énya, énya, sidik pisan. Éta téh tabungan beku waktu manéhna
nginjeum ka bank. Untung aya hujan. Lamun teu hujan manéhna bakal kaéraan ku
kasir di bank. Ayeuna mah manéhna sadar, teu ngagurutu deui. Malah seuri
sorangan.
Geus
tenang, geus sadar. Éh, datang deui anu ngagoda. Manéhna inget deui kana duit
tilu perak anu leungit téa. Atuh rungsing deui. Kesel, ambeuk, jeung amarah ngahiji. Sup amarah, asup kana
lengeun. Atuh bantal korsi dibabetkeun...
Sardun Tabayun, Neglasari, Saptu, 9
Maret 2019
Sumber Carita, Pun Lanceuk.

0
Post a Comment