Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Poe Minggu Dititikan

 



Carita Poe Ieu

Getol Pisan

Poe Kemis sakola manéhna rék disupervisi ku Bapa Pengawas. Ti tilu poé saméméhna manéhna katinggali sibuk pisan. Di sakola pakpikpek. Kitu deui di imah. Malahan wanci tengah peuting ogé masih kénéh baranggawé. Ninggang dina waktuna,  manéhna angkaribung ku administrasi,  dua kérésék badag dijingjing. Teuing nanahaon eusina mah. Méja manéhna ampir pinuh.


Waktu manéhna keur ngajar,  Pengawas uluk salam. Saeunggeus sasalaman,  Pengawas langsung mariksa administrasi . Pengawas imeut mariksa administrasina téh. manéhna jongjon ngajar.

"Bapa,  kadieu sakedap! " Ceuk Pengawas

"Mangga,  Pak! " Jawab manéhna bari nyampeurkeun Pengawas.

"Bapa dupi murid sabaraha urang?

Manéhna nyéréngéh dibéré pertanyaan kitu téh. Bari dina haténa galecok. Ah,  énténg pertanyaan kitu mah. Manéhna gewat ngajawab. " Aya 28  siswa, Pa!" Manéhna ngajawab pinuh ku kayakinan.


"Naha dina absén anu dititikan aya 35?” Pengawas nanya deui bari nyerengeh.

Manéhna reuwas,  mimiti katinggali beungeutna beureum. Bari ménta dihampura.

"Bapa,  wios anu atos mah. Ké wé perbaiki deui!!" Ceuk Pengawas bijak.

"Muhun mangga. " Ceuk manéhna bari ngeluk.


"Bapa,  katinggalna murid Bapa mah garetol? "

Ngadéngé kitu mah, Manéhna curinghak deui. Percaya dirina mimiti naék deui.

"Muhun Bapa Pengawas,  saprak diguruan abdi,  murangkalih téh getol pisan. Disiplinna saé,  prestasina ogé saé. "

"Muhun murid Bapa mah getol pisan,  dugi ka poé Minggu ogé dititikan dina absén. "

Manéhna,  nepak tarang....


Shardun Tabayun, Sukapura,  27 Februari 2019

Sumber Carita Ki Lanceuk.


0

Post a Comment