Ulah Salah Ngadoakeun
Carita Poe Ieu
Kakaren lebaran
Puasa tukang kuring teu bisa nepungan Emang. Eta atuh imahna rada nyingkur. Teu bisa make motor, komo mobil mah. Jalanna leutik jeung rumpil. Komo lamun hujan mah jalanna leueur. Matak sumingki anu nyorang.
Lebaran ieu kuring ngahaja nepungan Emang. Lamun henteu téh piraku dua kali lebaran teu silaturahmi. Kasampak Emang keur maraban domba, tapi rada aneh, maraban domba téh ku susasesa sangu. Malah ceuk Emang, eta domba téh osok ogé dibéré kadaran lainna anu ku Emang jeung anak-anak Emang geus teu kadahar. Alias barang sesa anu bakal haseum.
Dua
taun teu panggih. Atuh ngobrol téh sono pisan. Émang anu ngobrolna sok tarik di
timpah ku kuring anu ngagoronggong ogé. Atuh ngobrol duaan téh asa ngobrol
limaan atawa genepan. Ngobrol ngaler ngidul, teu karasa geus ampir tilu jam
kuring ngobrol. Nya kuring amitan
Bari sasalaman kuring jeung Emang silih doakeun. Ngan aya anu anéh tina pamenta Emang.
“Dun,
omat ulah salah ngadoakeun Emang!”
“Naha
kumaha, Mang?”
“Doakeun
wé Emang ku manéh cing sehat. Ulah didoakeun cing panjang umur.”
“Naha
ulah didoakeun cing panjang umur, Mang?”
“Da Umur Emang mah geus aya katangtuan ti Alloh.”
Sajajalan bari balik kuring mikir. Mikiran kahayang Emang. Bener ogé kahayang Emang téh.
Shardun
Tabayun
Sukapura,
15 Mei 2021

0
Post a Comment