Naha Jurig Teh Jiga Babaturan Kuring
Carita Poe Ieu
Hayang Benghar
Opat Poé manéhna dibéré waktu ku kuncen. Opat poé manéhna kudu diuk sila menekung bari nyingharep ka sagara anu cing beledug ombak nabrak karang. Opat poé manéhna kudu mujasmedi di leuweung geledegan sisi basisir anu jarang kasaba ku jalma. Geus nekad moal sieun ku jurig, ririwa. Moal nolih mun aya sasatoan galak. Ceuk paribasa mah ‘kop badak kop maung’. Geus diparancahan ku kuncen, sima aing sima mamaung. Singa jeung maung bakal sieun ku aing. Keur ngusir tiris, manéhna dibekelan sarung. Rék aya naon waé gogoda ku manéhna moal burung diayonan. Da sidik geus gilig hayang benghar.
Maleman poé kahiji lulus banglus euweuh naon-naon. Ukur rametuk huang-hiung. Maleman poé kadua, kira-kira jam dua belas peuting. Mimiti karérét ku juru panon. Aya anu ngabelegbeug hideung. Manéhna mimiti ngarasa keueung. Haté ratug, bijil kesang tiis, bulu punduk carengkat. Kajeun geus gilig oge tekad, ningan ari bab haté mah anggeur wé loba kasieun. Manéhna mereketkeun manéh bari sabisa-bisa babacaan. Nya babacaan anu pacampur jeung jangjawokan.
Ngagayuh kana jam satu peuting. Anu ngabelegbeug beuki ngadekeutan. Manéhna beuki tagiwur. Dina hate galecok, boa-boa ieu jurig téh rék ngalegleg aing. Untung manéhna inget kana papagah kuncen. Ceuk kuncen, mun aya jurig, rirwa atawa naon waé anu nyampeurkeun, omat ulah ingkah balilahan tina tempat tapa. Da éta mah ukur titinggalian atawa rarasaan wungkul. Atawa ukur gogoda. Jeung deuih, ceuk kuncen téh, omat manéhna ulah ngomong saeutik-eutik acan. Atuh ari inget kana papagah kuncén mah, manéhna maksakeun cicing di tempat tapa, sok sanajan suku mah geus kekejotan hayang lumpat satarikna.
Kira-kira jam tilu subuh. Anu ngabelegbeug téh jiga diuk. Kira-kira aya sapuluh meter mah ti tempat manéhna tapa. Sarua nyingharepan laut anu ombakna cing jalegur. Geus kitu mah manéhna mereketkeun maksakeun pereum.
Peuting indit, beurang datang. Poék kaganti kucaang. Panasaran manéhna ngarérét ka tempat diuk anu ngabelegbeug téa. Gebeug manéhna ngagebeug. Ningan jurig téh aya kénéh. Teu ingkah ti tempat éta. Rét deui, gebeug deui. Rét deui gebeug deui. Kitu jeung kitu wé. Aduh naha jurig téh aya kénéh waé. Pan ieu téh geus beurang. Naha jurig di dieu mah teu sieuneun ku panon poé. Naha di dieu mah jurig téh marakayangan beurang jeung peuting. Ari kitu mah, keun waé ngajedog didinya salilana ogé eta jurig téh. Kitu galecokna haté manéhna.
Wanci panon poé keur manceran, jurig téh teu ingkah balilahan. Manéhna beuki panasaran. Terus dirérét deui bari disidik-sidik. Naha diuk jurig téh napak luhureun batu, naha teu ngalayang. Naha jurig didieu mah kitu kalakuanna téh. Jeung éta deui jurig téh jiga make sarung. Naha jurig oge sok ngarasa tiris. Galecok deui hate manéhna. Jorojoy kawani, hayang nyampeurkeun jeung rék nanya ka éta jurig téh. Tapi inget kana papagah kuncén, yén manéhna ulah incah balilahan tina tempat tapa salila opat poé opat peuting. Atuh ukur bisa ngarérét. Éta ogé ukur bisa ku juru panon.
Hiji waktu manéhna ngarérét deui. Itu ogé
ngarérét. Prok paamprok rérét. Seblak hate manéhna nyebalak. Ngarérét deui. Itu
ogé sarua molotot. Gebeug manéhna ngagebeug. Terus ngagisik panon. Bari dina
haté galecok. Naha jurig téh jiga babaturan kuring anu di lembur. Palangsiang,
boa-boa babaturan kuring téh geus maot. Aduh hampura Udin. Kuring loba dosa. Padahal
waktu kuring indit manéh téh teu kadéngé gering Udin. Sakali deui hampura
kuring Udin. Sok sanajan geus béda alam, teu burung wé manéh nyaah ka kuring.
Jigana mah manéh datang kadieu rék maturan kuring. Supaya kuring teu keueung.
Nuhun Udin kana bantuan jeung perhatianna. Udin, manéh kudu nyaho, yén kalakuan
kuring kieu téh kajurung ku hayang benghar. Sok atuh Udin manéh cing jongjon
diuk didinya. Kuring jongjong mujasmedi didieu. Bisi aya naon waé anu rék
ngaganggu kuring omat panghalangankeun. Ayeuna kuring geus teu keueung deui da
geus aya manéh ngabaturan. Kitu galecokna manéhna.
Wanci subuh poé ka opat. Manéhna rungah ringeh, sabab ririwa si Udin geus euweuh. Tapi teu loba mikir. Da sidik waktu manéhna tapa geus beak. Hartina manéhna lulus tina ujian. Dina haténa galecok deui waé. Bral Udin manéh geura balik ka alam manéh. Kuring ogé arék balik ka lembur. Omat manéh ulah datang deui nepungan kuring di mana waé oge. Kituna téh manéhna bari ngaléos ninggalkeun éta tempat.
Manéhna nuju ka imah kuncén, rék bébéja jeung pamitan rék balik. Di imah kuncén manéhna dimandian bari dibekelan jangjawokan supaya diamalkeun. Jrut ti imah kuncén manéhna teu langsung ka jalan raya megat beus. Tapi néangan heula warung sangu, da sidik geus karasa lapar. Teu lapar kumaha opat poé teu manggih kéjo, awak leuleus, téténjoan ruam. Lempang guluang-galéong.
Untung, teu pati jauh ti imah kuncén aya warung sangu. Sup manéhna asup. Guprak, ngabeubeutkeun manéh kana korsi. Anu keur dahar reuwas. Anu keur dahar melong anu ngaguprak. Manéhna ogé melong. Prok paamprok panon. Gebeug, ngabebeug duanana. Reuwas duanana. Terus undur-unduran duanana bari pada nyidik-nyidik. Duanana pada nyidik-nyidik ti luhur nepi kana suku. Lebah nyidik-nyidik suku rada lila. Terus duanana nyiwit ceuli masing-masing. Nyiwit lengeun masing-masing. Geus karasa nyeurina diciwit karék duanana ngarasa yakin. Yén maranéhna téh lain ngimpi. Tapi aya di dunya nyata. Terus silih dekeutan bari silih tanya, rék ngaleungitkeun kaheran masing-masing.
“Manéh téh bener Udin?” Ceuk manéhna.
“Enya, ari manéh bener Engkus?” Ceuk Udin.
“Enya, kuring Engkus.” Ceuk manéhna, anu
ternyata ngaran manéhna teh Engkus.
“Udin, manéh téh bener, masih kénéh hirup?”
Engkus neruskeun nanya.
“Heueuh ieu téh kuring. Ieu kuring masih
jagjag belejag, ceuk saha kuring geus maot.” Udin ngajawab bari semu séwot.
“Udin ari manéh, tilu poé katukang pernah
tapa di leuweung itu?”
“Enya, kuring tapa, bari diuk nyangharepan
laut.”
“Aduh hampura Udin. Kuring geus goreng
sangka. Kuring nyangka manéh geus maot. Kuring geus nyangka yén anu diuk kira-kira
sapuluh meter gigireun kuring téh, jurig
manéh anu ngahaja datang maturan kuring
anu keur tapa. Hampura Udin. Sakali deui hampura.” Ceuk Engkus bari ngagabrug
Udin.
“Engkus manéh teu
kudu menta dihampura, da sangkaan kuring ogé sarua. Sugan téh manéh geus maot. Terus
jurigna datang maturan kuring anu keur tapa. Anu enggeus mah enggeus waé.
Kasalahan urang sarua.” Ceuk Udin bari ngalésotkeun rangkulan Engkus.
“Udin, ari manéh tapa
téh hayang naon?”
“Hayang benghar.”
“Heueuh atuh lamun
kitu mah sarua jeung kuring.”
“Udin, menang duit
loba atuh maneh waktu tapa téh?”
“Baroraah, anu aya
ogé beak.”
“Heueuh sarua atuh mun kitu mah.”
Geus kitu mah,
maranéhna am waé dahar sakebeukna, kaciri pisan jiga anu manggih mulud. Bérés
babayar, terus indit ka terminal beus. Rék balik ka lembur. Sapapanjang jalan
galuntreng nyaritakeun sakabeh pamanggih dina waktu keur tapa. Anu pamustunganna
mah maranéhna sadar, yén kalakuan kitu téh salah pisan. Dosa badag. Da ningan
harta anu diimpi-impi téh teu datang waktu keur tapa. Anu jelas mah awak
ruksak. Pakaya anu aya ogé beak. Baroraah menang duit, duit anu geus aya ogé
ledis. Maranéhna sadar geus kalejo ku setan. Ngarasa dosa geus musyrik. Terus
jangji rék tobat.
Shardun Tabayun,
Sukapura 22 Februari 2021
Sumber carita Kang
Kus jeung Kang Nas

0
Post a Comment