Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Rejeki Nomplok

 




Carita Poe Ieu

Rejeki Nomplok

Babaturan kuring katitahan ke jalma béréhan anu embung disebut ngarana pikeun pesen paket sembako anu lumayan rada loba oge. Éta sembako téh bagikeneun ka masyarakat hiji kampung. Kabeneran kuring sok nyadiakeun paket sembako. Biasa usaha sampingan.  Babaturan kuring pesenna ka kuring. Pohara atohna kuring, sabab paket semboka anu dipesen kawilang loba. Bréh wae atuh piuntungeun geus kagambar. Tapi ari untungna mah moal-moal dibéja-béja. Bisi Kang Shardun ménta.

Dua poé kuring ménta waktu keur nyadiakeun paket sembako. Poé katilu kuring indit ka lembur babaturan rék ngajajapkeun paket sembako téa. Da poé harita éta sembako téh rék dibagikeun. Teu poho Dangdang sarapih-rapihna. Ceuk saliwat mah kuring téh persis anggota dewan. Maksud Dangdang kitu téh, kuring boga niat bari rék nyaksian anu ngabagikeun sembako téa. Sugan wé papanggih jeung jalma béréhan anu nitah babaturan kuring pengmesenkeun sembako téa. Sugan wé kuring kacéprétan bengharna jeung béréhanna.

Jam dua beurang, kuring nepi ka lembur babaturan. Jalma anu rék dibagi sembako geus ngariung. Kuring turun tina mobil. Bari teu poho nitah supir supaya ngaluarkeun paket sembako anu numpuk dina mobil. Barang bérés paket sembako dikaluarkeun tina mobil. Na atuh, ari brul teh ibu-ibu nyarampeurkeun kuring bari cing salongkrong hayang sasalaman. Kabehanana ngarucapkeun nuhun. “Hatur nuhun Bu Haji”. “Hatur nuhun Bu Haji”. “Hatur nuhun Bu Haji.” Kituna téh bari teu saeutik anu méré entéh jeung kadaharan lainna anu aya di éta lembur.

Ninggali kalakuan ibu-ibu, kuring jadi bingung. Waktu ibu-ibu ngahaturkeun nuhun,  sajongjongan mah kuring ukur bisa colohok. Susah kudu ngajawab naon. Sok sanajan ahirna mah kuring ngajawab, “samulihna, samulihna, samulihna”, bari seuri mawur. Rét kababaturan ogé ukur bisa seuri leutik bari kuram-kirem. Manéhna ogé jigana sarua bingung.

Kuring ukur bisa nangtung ngajengjen, bari narima ibu-ibu anu hayang sasalaman. Satadina hayang  ngajelaskeun, yén kuring lain anu rék méré sembako.  Kuring mah ukur tukang paket sembako anu rék nganteurkeun sembako. Tapi sieun ibu-ibu éraeun. Kitu deui babaturan kuring ukur kuram-kireum, bari mesem.  Jigana manéhna oge hayang ngabéjaan ibu-ibu, yén anu méré sembako téh lain kuring. Tapi nya kitu jigana heurin ku létah. Sieun ibu-ibu anu geus sumanget sasalaman jadi éraeun.

Kajadian kitu téh,  kajadian deui di jéro masjid. Kuring dibéré waktu ku pengatur acara pikeun méré sambutan. Aduh kalang kabutna kuring. Rék naon anu diomongkeun. Nya ahirna kuring sabisa-bisa méré tausiah. Éta deuih sambutan tokoh masyarakat meni jéntré pisan nganuhunkeunna ka kuring. Atuh kuring beuki salah tinggah. Buru-buru kuring pamitan kakabeh anu hadir. Bari teu kuat ku pikaseurieun. Kuring gewat balik bari  rébo ku oléh-oléh ti ibu-ibu, mawa pikaseurieun, oge mawa bati tina sembako. Rejeki nomplok.


Shardun Tabayun

Cihalimun, 18 Februari 2021

Sumber carita Pun lanceuk anu duaan.


0

Post a Comment