Aya Kembangan
Carita Poe Ieu
Aya Kembangan
Teu
kitu kumaha, da duanana kaciri karuat. Duanana tukang olah raga. Jarago béla
diri. Atuh puguh tanagana ogé baredas pisan. Dina prungna bérés pangantenan teu
antaparah kabeh jurus digunakeun. Hut-hét. Késang ngaragajag. Sora ranjang
rerekétan ogé geus teu ditolih. Kagog ceunah keur padungdung. Beuki lila beuki
angot anu hut-hét. Ranjang geus teu bisa nahan. Gubrag wé ranjang ngagubrag.
Pangantén reuwas, mitoha ogé reuwas. Da sidik sora ngabubrag ranjang roboh téh
tarik. “Ujang!!!.... Nyai!!!... aya naon?” Ceuk mitoha bari ngetrok panto
kamar.
Pangantén
reuwas. Gewat pahibut néangan pakéan anu masing-masing. Lieuk ka juru wetan euweuh.
Ka juru kidul, kulon, kalér kitu deui teu katinggali. Bari mitoha lalaki jeung
awéwé terus ngetrokan panto kamar dan sieun aya nanaon. Pangantén bingung. Néangan
baju sapuratina acan waé kapanggih. Duanana ukur bisa rutrét bari bingung.
Bantal disingkabkeun, euweuh. Simbut diambrulkeun euweuh. Luha-loho ka
handapeun ranjang anu geus ambruk. Goréhél aya pakéan. Teu antaparah, rap waé
dipaké ku masing-masing.
Geus
rada tenang, pangantén awéwé muka panto kamar, dan Indung jeung Bapana geus
nungguan di luar panto kamar. Hariwang bisi aya naon-naon. Panto bray dibuka.
Mitoha blus wé ka kamar. bari hariweusweus nanya.
“Nyai, Ujang aya naon, aya sora
ngagubrag, naha aya bangsat ti para?”
“Teu aya nanaon, Ambu! Sora anu tadi
mah Si Aa keur ngoméan ranjang anu reyod, tuh ningan masih kénéh dilereskeun.”
Ceuk Si Nyai bari rada kuram-kireum.
“Ari éta naha, Nyai maké sarung si
Ujang. Si Ujang maké samping Nyai?” Pangantén reuwas, barang ditinggali enya
pahili. Ma’lum keur ribut, teu sadar. Pangantén olohok teu bisa ngajawab.
“Ari itu kutang saha anu nyansang dina
lomari.” Si Nyai beuki teu bisa ngajawab. Pipi katinggali beureum bakat ku éra.
“Ari itu deuih selempak saha gigireun
lomari?” Ayeuna giliran Si Ujang. Kitu deui Si Ujang ukur bisa ngarérét bari
teu bisa ngajawab.
Mitoha
lalaki surti, yén anak jeung minantuna geus ngojay bari motah. Mitoha lalaki
ngajak mitoha awéwé ninggalkeun kamar. Pangantén buru-buru nutupkeun jeung
nulakan deui panto kamar. Pangantén silih rérét, terus sareuri, bakat ku era ku
kolot.
Ranjang
dibéréskeun deui. Pangantén ngagoléhé deui. Karék ogé ngagoléhé, panganten
lalaki nanya rada tarik.
“Nyai, naha selempak anu Aa aya
kembangan?”
“Duka atuh Aa. Cing buka!”
Barang dibuka, énya wé selempak Si
Ujang pahili jeung anu Si Nyai.
Sardun Tabayun, Mekarsari 22 Januari
2019
Sumber carita moasl dibeja-beja.

0
Post a Comment