Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

ÉLÉH KU CANGKURILEUNG

 


Carita Poe Ieu

ÉLÉH KU CANGKURILEUNG

(Neruskeun Dongeng Kang Basri)

Kieu umi,  raja téh boga anak hiji. Anakna ngadongeng deui. Aya hiji raja beuki gedang atah. Malah tong boro-boro anu geus badag,  anu pentil oge diremus. Sakali waktu mah pernah ogé daunna dihuapkeun. Éta meureun pedah gedang anu ngora geus béak. Hiji waktu deui pernah tangkalna rék kokos. Untung harita téh kasaksian ku Kang Basri,  jadi bisa dicawad.

Komo gedang asak mah. Da éta wé gedang asak mah tara pisan dipesék-pesék acan. Ti kulit, daging, jeung sikina digares. Jadi di karajaan éta mah loba pisan patilasan. Di mana aya tangkal gedang tah didinya urut béolna éta raja. Lamun ceuk Kang Ideng mah jiga cangkurileung. Ceuk kuring mah leuwih. Cangkurileung ukur anu rupana beureum. Lamun teu beureum tara ieuh dipacok.

"Sardun, bener éta carita? "

"Montong sok ditanya bener jeung salahna. Tapi kudu dicokot palajaran. Yen kalakuan raja kitu téh gambaran manusa sarakah. Manusa sarakah mah tong boro-boro jalma biasa,  malah raja ogé éléh ku cangkurileung. "

 

Sardun Tabayun,   12 Maret 2019

Sumber :  Kang Basri jeung Kang Ideng.


0

Post a Comment