Euweuh Bedana
2/10/2021
Add Comment
Carita Poe Ieu
Pareum
Peo ieu mah rada tarapti indit ka
sakola téh. HP anu poé kamari poho,
ayeuna mah geus asup kana saku. Pigawéeun ogé geus siap dina kantong.
Nepi ka sakola, teu loba ngobrol, dekul waé kana pigaweéun. HP ditunda sisi laptop. Wanci jam dua belas beurang, HP jempé waé. Panasaran muka WA, estuning simpé. Naha tiiseun? Ceuk haté. Ari dibukaan, singhoréng data selulérna pareum. Euweuh bedana jeung poho mawa HP.
Sardun Tabayun
Sukasari, 18 Mei 2019.

0
Post a Comment