Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Hampura Coét

 


Carita Poe Ieu

                                         Hampura Coét

Ari keur sadar sok remen inget kana papagah atawa naséhat téh. Nya ari keur teu sadar mah sok lat wé poho. Malah pohona ogé diulang ulang. Padahal Islam ngawanti wanti ka manusa. Yén muslim téh ulah labuh dua kali dina lombang anu sarua. Atawa,  meureun ulah ngalakukeun kasalahan anu sarua dua kali. Ceuk guru kuring mah ulah tobat sambel. Tapi kudu taubatan nasuha. Mun ngalakukeun kasalahan,  terus tobat jeung janji dina hate moal ngalakukeun deui. Jeung memang teu ngalakukeun.

Ras inget kana ajaran ngeunaan dahareun. Mun urang masak,  kudu lobaan caina atawa sayurna,  supaya tatangga kabagéan. Mun kira-kira teu bisa kitu,  maka waktu masak kudu rerencepan ulah apaleun tatangga. Nya ceuk jentréna mah ulah milaraan. Ieu dina raraga ngajaga ukuwah supaya ulah timbul panas haté atawa nyeuri haté tatangga.

Ari kiwari kuring sok kurang sadar diri. Hayang nembongkeun sagala kagiatan kuring. Sok sanajan babaturan kuring teu hayang nyaho. Keukeuh wé ku kuring dipaksa supaya ninggali aktifitas kuring. Kuring mancing fotokeun terus diposting. Lamun seug keur balakécrakan dahar,  dipoto terus diposting deui waé. Euweuh anu kaliwat,  timimiti daging, asin, témpé tahu, lauk,  endog, lalab,  sambel, kurupuk, bubuahan, piring,  coét,  mutu,  gelas,  nepi ka sendok dipoto. Kumaha lamun aya anu nyiram hayang ngadahar coét jeung mutuna. Kumaha lamun aya anu teu boga duit hayang ngégél séndok.

Enya,  kuring sok poho. Hampura Coét.


Sardun Tabayun

Sukatinggal 5 Mei 2019.


0

Post a Comment