Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Jam Satu Peuting, Pangalaman Hirup


 Jam Satu Peuting, Pangalaman Hirup

Ulak-ilik ka belah kidul. Katinggali langit béngras. “ Jigana ka belah kidul mah moal hujan. Hayu wé urang maksakeun balik”, ceuk kuring ka Indung barudak. Jas hujan rap dipaké. Motor kolot anu geus ampir sapuluh taun maturan kuring, dihirupan. Kuring nagahaja ka Bandung make motor. Alesanna mah kahiji ambeh rada téréh jeung murah biayana. Rék maké mobil, da sidik acan waé papanggih jeung hargana, Pira kadar malang salawé. Anu boga mobil hayang tilu ratus, kuring keukeuh hayang lima puluh. Nya neupi ka kiwara acan jadi waé éta mobil téh. Éta mah teuing anu boga mobil luhur teuing méré harga, teuing kuring anu teu balég nawar. Jeung deui lamun dina jadina ogé kuring acan boga tempat keur nendeun eta mobil. Da saung kuring aya dijéro lembur. Ari rék ditendeun di lapang mengbal piraku. Kuring  teu bisa meuli eta mobil. Tapi loba pisan hahalang anu séjéna. Pangpangna mah hahalang anu hésé diayonan téh, nyaéta acan boga diutna. Da ari saukur meulikeun mah gampang. Tah kitu baraya sakabéh naon sababna kuring neupi ka ayeuna acan boga kénéh mobil.

Geleuseur motor maju. Mapay-mapay jalan gang leutik, anu belah kénca katuhu pinuh ku imah. Ti Pasar Kiaracondong motor cepet ngidul. Asup ka Binong motor ngahaja dilaunan. Jalan karasa leueur, motor karasa kokoloyongan. Ku kuring jalan dirérétan bisa aya leutak atawa oli. Tapi keukeuh teu katinggali. “Naha ieu jalan bet karasa leueur”, Ceuk haté jiga anu heran. Ari diinget-inget kuring sadar. Paingan jalan karasa leueur, eukeur mah hujan katambah ban tukang jeung hareup geus dugul.

Ti Parapatan kordon, motor mengkol ngénca, maksud rék jalan Ciwastra. Lebah imah babaturan klason dipéncét tilu kali. Masih kagambar dina lamunan, dua puluh katukang. Di imah éta kuring kungsi bumen-bumen. Aya meureun sataun mah. Samemeh diangkat jadi pagawé nagri. Kuring kungsi heula buburuh masang ténda, panggung, jeung korsi dinu hajatan. Boh hajatan ngawinkeun atawa nyundatan. Malah lamun keur euweuh anu hajat, kuring sok diajar ngendekan jurusan Ciwastra – Cijerah. Sopirna lain batur, tapi babaturan kénéh.

Pernah hiji waktu kuring masang ténda, panngggung jeung korsi di Jatinagor. Masang karék bérés jam satu peuting. Barang rék balik, mobil mogok. Atuh ngadodorong neupi ka Cileunyi. Jigana pangalaman éta moal neupi ka poho. Éh bayaranna tinu hajat ogé kurang adeuh. Aya ogé pangalaman anu pikaseurieun. Kuring jeung babaturan lamun keur masang tenda jeung panggung dinu hajat téh sok disebut emang. Padahal umur kuring karék nincak dua puluh hiji taun. Harita kakarék bérés sidang yudisuim diploma dua jurusan PGSD. Malah pernah oge dagang koran di parapatan di kota bandag.

 

Shardun Tabayun

Buahbatu 4 April 2014




0

Post a Comment