Omat Ulah Diturutan
Omat
Ulah Diturutan
“Mangga
anu aranom calik di payun, keun wé
anu sepuh mah di
tukang”. Ceuk kuring, ngahaja ngomong téh
dilentong-lentong. Maksudna supaya katinggali nyopanan anu ngarora jeung kakara
naék odong-odong. Gék waé
kuring diuk dina jok tukang belah kenca. Barudak anu ku kuring dititah dihareup miluan guk-gék dina jok anu hareup.
“Hiji ..., dua ..., tilu.... Geur ah. Maju odong-odong! Ceuk
kuring. Terus nyumangetan barudak anu dihareup
supaya sumanget ngaboséh.
Atuh dina waktuna aya odong-odong anu rék
nyiap ogé teu bisaeun nyiap. Geus karasa gancang
mah, suku kuring diangkat tina sadel. Ari sadel mah tetep muter da anu dihareup teu eureun ngaboseh. Nya ari komando
mah ku kuring teu dieureunkeun. Terus waé
méré
sumanget. Kira-kira rada lendo, suku kuring nincak deui sadel bari ngaboseh.
Atuh odong-odong tarik deui. Geus tarik deui mah,
dampal suku dilesotkeun tina sadel. Nya kitu jeung kitu waé nepi ka sewaan odong-odong béak.
Geus
turun tina odong-odong kuring api-api andiprek. Kumaha wé anu geus nyorang tanjakan Nagrek bari leumpang. Waktu aya anu ngajak deui,
kuring api-api embung. Maksud téh
supaya anu ngajak maksa. Lamun geus dipaksa kuring jiga maksakeun naék. Nya lamun geus naék mah kuring biasa waé diuk dina jok anu tukang. Dina
odong-odong anu kadua ogé
kalakuan kuring teu dibedakeun jeung dina odong-odong anu kahji. Nya batina
mah, sok sanajan numpak odong-odong dua kali oge bitis mah teu karasa nyendol.
Tah ieu elmu kolot mah. Tara loba peta jeung pamenta tapi hasil mundel. ”Hampura barudak. Omat ulah diturutan.”
Shardun Tabayun
Pangandaran, 3 Mei 2014
0
Post a Comment