Carita Poe Ieu, Ngorejat
Ngoréjat
Dina kantong ukur dieusian ku map hiji tambah wé buku bacaeun hiji. Datang ka sakola sarepi. Aya penjaga keur bébérés buruan. Torojol Ops. Sup, kuring kadapur. cétrék kompor gas dihurungkeun. Rék naher cai, hayang ngopi. Bari ngadagoan cai ngagolak, kuring nyarandékeun awak kana korsi. Dipépéndé ku lagu kenagan tina laptop.
Kira-kira lima menit, torojol abringan siswa maraké saragam weteh. Sapatu haradé jeung jigana marahal. Siswa baru katinggali sarumanget. Kitu deui siswa kelas dua, tilu, opat, lima, jeung genep. Guruna oge meni sarumanget daria. Nya, kituna teh jigana bungah geus bisa deui diajar di kelas.
Dina prungna dialajar. Matak bungah anu ninggali. Guru-guru parigel dina ngagunakeun metoda jeung strategi ngajar. Siswana aktif nanya jeung ngajawab pertanyaan. Diskusi ramé ku pendapat jeung gagasan. Mun kerja kelompok, kabeh siswa aktif. Eta deuih kelas hiji meni sukabungah nyaranyi. Kuring ngarasa reueus, bungah, kabeli haté kuninggali proses ngajar anu kitu teh.
"Pa, cai tos panas, bilih bade ngadamel kopi mah mangga." Ceuk penjaga ngageuingkeun
Korejat Kuring ngorejat. Alah ningan Kuring ngimpi. Geus tuluy mah penjaga, karasa sakola téh sepi deui. Tiiseun. Kuring cuang cieung...
Shardun Tabayun, Sukasari, 15 Juli 2021
0
Post a Comment