Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Carita Poe Ieu, Mimiti Impian Ngabukti

Mimiti Impian Ngabukti

Poe Ahad, rék joging teu kaburu. Rap waé kana sapatu kompan, dudukuy laken anu rubak. Ari batu ali, gelang bahar jeung pangsi mah acan dipaké, da sidik acan lima puluh taun. Teu poho bibit kacang dua canggeum dijingjing kana palastik.

Jung we Kuring indit ka kebon. Maksud téh rék melakkeun kacang téa sisi gawir. Lumayan aya-aya keur angeuneun atuh engké mah. Teu lila melak. Da sidik gawirna ogé ngan dua.

Bérés melak kacang,  sup ka saung anu aya di kebon batur. Anu boga saung kebeneran keur maracul rék melak bortol ceunahna mah. Atuh di saung téh aya kopi, cai panas dina termos, jeung dahareun séjénna. Atuh Kuring teu nungguan ditawaran dua kali, gewat ninyuh kopi.

Bari nangunjar lambar, suruput-suruput kopi diinum. Kelepus udud. Angin ngahiliwir, titinggalian blung-blong. Haté lugina. Kasusah leungit teuing kamana.

Lebah katuhu aya tanah batur sarorog keur dipacul. Anu maculna tatangga Kuring wungkul. Atuh ti saung Kuring utuh-etah. Kumaha wé jiga anu bogana. Alah ningan geus mimiti Impian Ngabukti, sok sanajan di kebon batur.

Shardun Tabayun,

Bongkor, 25 Juli 2021

 

0

Post a Comment