Carita Poe Ieu, Tilu Katangtuan
Carita Poé Ieu
Tilu Katangtuan
"Dina ngajalankeun hirup jeung Kahirupan urang moal leupas tina tilu Katangtuan anu kudu dicekel pageuh. Tilu katangtuan éta sok disebut Tritangtu." Kitu ceuk kolot kuring. Mangsa harita kuring teu pati miroséa, da sidik kurang ngarti. Naon atuh Tritangtu téh. Tapi ah, keun waé, da éta mah katangtuan keur pedoman kolot baheula. Kitu témbal haté.
Kadieunakeun jorojoy hayang nyaho, naon atuh Tri tangtu téh. Kuring loba nanya ka para kolot, loba ngoréhan boh tina buku, boh ti dunia maya. Dina prak-prakanna Tri tangtu téh ningan lega pisan awahanna. AyaTri tangtu di buana, tritangtu di Nagara, Tri tangtu di salira, sarta bisa oge dina kondisi jeung kaayaan sejenna.
Lebah Tritangtu di salira, jadi bahan muhasabah keur kuring mah. Contona waé, tekad atawa niat, ucap jeung lampah kudu saluyu sauyunan. Ulah niat hadé, ucap hadé tapi kalakuan goréng. Mun conto dina kulawarga, bapa-indung-anak kudu ngahiji hirup sauyunan silih asih asah jeung asuh. Eta karék dua conto, ningan luhur pisan niley papagah kolot téh.
Mun seug dibawa ka Dunya atikan bakal payus pisan. Ieu mah karék kamandang atawa penafsiran kuring. Anu mungkin salah, jajauheun ari bener mah. Mun dilarapkeun di sakola, contona waé, kapala sakola-guru-murid babarengan ngaronjatkeun kualitas atikan di sakola. Mun conto dina pangajaran di kelas, interaksi guru-murid-bahan ajar/materi kudu ngaguluyur. Mun dina kompetensi kudu jadi sabeungketan antara kanyaho-sikep-kaparigelan (atawa kognitif-afektif-psikomotor). Mun dina widang ngokolakeun sakola kudu panjeg kana visi-misi-tujuan.
Kuring sadar, ningan luhur pisan ajén papagah kolot. Ngandung filosofi anu pinuh kumakna jang kahirupan.
Shardun Tabayun,
Mekarsari, 7 Agustus 2021
0
Post a Comment