Carita Poe Ieu, Kalapa (kahiji)
Carita Poé Ieu
Kalapa
(kahiji)
Dina waktu ngobrol hal ihwal pramuka, gerakan kepramukaan, pandu, atawa kepanduan. Kuring sok inget kana kalapa, atawa tunas kalapa. Anu jadi lambang gerakan kepramukaan di Indonesia. Mun ditaliti loba pisan makna anu disimbolkeun ku kalapa atawa tunas kalapa. Nya simbol-simbol keur kahadéan. Pasti anu mikaresep kana pramuka mah geus paham kana harti jeung makna lambing tunas kalapa.
Ningan simbol atawa lambang kalapa ogé sok dipaké ku kolot urang Sunda ti jaman baheula. Malah ceunah ti jaman Karajaan Salakanagara dina taun saratus tujuhpuluhan Masehi. Aya ogé anu nyebutkeun ti samemeh Karajaan Salakanagara, éta kalapa téh geus dipaké simbol. Malah dipaké simbolna ogé lain dina wujud gambar, tapi dina wujud nyata. Ieu mah pamanggih atawa penafsiran kuring anu mungkin waé salah jajauheun kana bener mah.
Kolot urang sok maké kalapa (simbol kalapa) dina sajén atawa sasajén. Kadé ulah waka salah sangka, yén anu kitu téh mistik atawa klenik. Lain. Sajén atawa sasajén ceuk sawaréh kaol nyaéta akronim Tina Sastra Jéndra (sajén). Ari Sastra Jéndra atawa Sajén nyaéta sagala tutulisan anu aya di buana gedé (bumi langit/jagat raya) jeung tutulisan anu aya di buana leutik (diri manusia). Ieu kabeh tutulisan anu hamo moal kaitung ku manusa komo deui ku jalma mah. Kabéh tutulisan ieu téh aya anu nyiptakeunna, nyaéta anu Maha Kawasa. Kabéh tutulisan éta kudu ditafakuran, diolah, dimanfaatkeun ku manusa dina raraga ibadah kanu Maha Kawasa. Sabab manusa boga tugas salaku Kholifah.
Naon atuh maksud kalapa sok jadi simbol Dina Sastra Jéndra atawa Sajén? Ke urang sambung deui...
Shardun Tabayun, Mekarsari, 14 Agustus 2021.

0
Post a Comment