Carita Poe Ieu, Kalapa (kadua)
Carita Poé Ieu
Kalapa
(kadua)
Naon atuh maksud simbol kalapa dina sajén atawa sasajén téh? Kitu pananya anu aya dina carita ‘Kalapa’ bagian kahiji. Hayu urang cobaan baca Sastra Jendra anu aya dina tutulisan kalapa. Kecap ‘Kalapa’ asalna tina ‘kala’ jeung ‘pa’. Kala hartina waktu. Pa hartina tempat. Kalapa hartina waktu jeung tempat atawa tempat jeung waktu. Mun Bahasa ayeuna mah hartina ruang dan waktu.
Manusa moal bisa leupas tina ruang jeung waktu. Hartina nalika urang masih kénéh dipasihan nikmat ruang atawa tempat ku Anu Maha Kawasa, urang kudu syukuran ku jalan bener-bener ngolah jeung ngamanfaat eta nikmat keur karaharjaan hirup diri jeung jalma sejen. Malah keur karaharjaan makhluk sejen oge, contona waé tatangkalan jeung sasatoan.Nikmat ruang kudu jadi lahan dina raraga ngajalankeun tugas manusa jeung kamanusaanana.
Nikmat waktu, anu kawengku waktu kamari-ayeuna-isuk. Waktu kamari geus kalakonan. Waktu ayeuna eukeur dilakonan. Waktu ayeuna kudu dipaké muhasabah bisi dina waktu kamari ngalakukan kasalahan. Oméan dina waktu ayeuna. Waktu ayeuna kudu leuwih hade tibatan waktu kamari. Dina waktu ayeuna kudu bener-bener tekad, ucap, jeung lampah urang akur jeung aturan Anu Maha Kawasa. Sabab waktu isuk acan tangtu. Éta nikmat waktu téh kudu bénér dimanfaatkeun keur hal-hal anu positif. Sabab waktu moal bisa dibalikan deui.
Carita di luhur karék pamanggih kuring hasil obrolon jeung kolot. Anu mungkin ditafsirkeun ku kuring kurang nincak. Hampura wé. Terus aya kénéh bacaeun tina simbol atawa lambang kalapa téh. Hanca ….
Shardun Tabayun, 14 Agustus 2021

0
Post a Comment