Carita Poe Ieu, Laer Kanjut
Carita Poé Ieu
Laér Kanjut
Kadang sok sieun salah mun ngomong bahasa Sunda téh. Padahal éta téh Bahasa kuring. Anu kudu dimumulé ku kuring. Tapi nya kitu ari prak-prakan dina kahirupan sapopoé mah sok pabaliut ogé.
Hiji conto mun rék nyebut kecap ‘kanjut’ sok dilaunkeun atawa luak-lieuk heula. Sieun loba jalma anu dipikaajrih. Sieun disebut jalma cawokah atawa jorang. Padahal kecap éta mun geus dibarengan ku kecap lain, bisa jadi teu jorang. Ceunahna mah anu kitu téh disebut frase.
Contona frase ‘kanjut kundang’ bakal béda bayanganna jeung kecap ‘kanjut’ wungkul. Malah hartina ogé jadi béda. Kanjut kundang hartina tempat nunda duit. Kanjut dina tarang hartina jalma éraan. Kanjut dina punduk hartina jalma sieunan. Aya deui hambur kanjut, ieu mah nunjukkeun ka jalma anu kalakah kawin. Ari ngetrukeun eusi kanjut mah hartina ngawinkwun anak bungsu.
Aya deui anu nunjukeun waktu atawa wanci, nyaéta laér kanjut hartina waktu haneut moyan. Enya ka bayang moyanna téh bari make sarung. Nya pasti jadi laérna téh da kapanasan. Manjangan atawa meral.
“Ari kanjut badag naon, Shardun?’
“Anu silaing éta mah.”
Shardun Tabayun,
Mekarsari, 20 Agustus 2021

0
Post a Comment