Carita Poe Ieu, Syarifah
Carita Poé Ieu
Syarifah
Sok hayang nyaho naon hartina ngaran jalma. Sok sanajan dina basa kirata mah sok muncul dina guyonan. Contona wae ngaran Suhadma hartina éta jalma téh dijurukeun subuh ahad jam lima. Aya ogé ngaran Misjum, hartina lahir poé kemis malem Juma’ah. Hampura bisi aya anu kasabit nami kasebat nama. Da eta mah ukur guyonan.
Mikir kana ngaran Syarifah, naon pihartieunna. Rada lila kuring mikir jeung neangan referensi. Nya ka panggih wé yén ngaran Syarifah téh hartina Jalma anu boga sifat mulia, hayang geura ngabales kana kahadéan jalma séjén. Pokona mah jalma béréhan, hadé ka babaturan, hadé katatangga, komo deui ka kulawarga mah. Sifatna hayang barangbéré wé. Mun teu barangbéré téh sok panas tiris ceunahna mah.
Asa mobok manggih gorowong. Kuring boga babaturan ngaranna Euis Syaripah. Isukan mah arék ditepungan sugan wé hutang kuring dibebaskeun.
Shardun Tabayun,
Mekarsari, 20 Agustus 2021

0
Post a Comment