Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Carita Poe Ieu, Silaturahmi Ketua Cabang (Rezeki)

 


 Carita Poé Ieu

Silaturahmi Ketua Cabang

(Rizeki)

Geus leutik hate, jigana dina acara silaturahmi anu mimiti ieu kuring moal bisa milu. Éra rék bébéja ka Pa Korwil jeung pangawas. Acara silaturahmi béntrok jeung rapat dines anu sakitu pentingna. Jam dalapan peuting Pa Korwil ngajapri, méré ijin ka kuring keur ngahadiran acara silaturahmi ketua cabang. Aduh bungahna haté, geus moal bisa kagambarkeun. Harita kénéh kuring gewat meresihan sapatu urut touring. Ah, cukup wé dielap. Supaya katinggali rada ginclong.

Poé saptu, kira-kira jam dalapan isuk-isuk, kuring geus nagadius ngalumpatkeun motor. Bari éta motor téh geus lila can diganti oli. Anéh, kuring jeung luas ngajalankeun motor dina genep puluh nepi ka tujuh puluh. Da biasana mah kuring téh ukur ngajalankeun dina opat puluh nepi ka lima puluh. Teuing aya naon. Éta deuih, biasana mah mun indit ka Soreang kana motor, Kuring sok eureun heula sakali di lebah Arjasari. Tapi waktu ieu mah kuring kuat teu istirahat heula. Bari Jarak leuwih jauh. Nya kurang leuwih kuring ngaliwatan salapan kacamatan. Lebah dieu kuring nanya kana diri, tapi can kajawab.

 


Jam sawelas leuwih sapuluh menit, kuring nepi ka tempat acara. Dibagéakeun ku Ketua Cabang Margahayu jeung ketua cabang lainna. Suuk, sampeu, tales, jeung bandrék geus ngahiap-hiap ka kuring. Teu loba mikir, Habeuk wé dihuapkeun. Beuteung eusi, kacapi leungit, bandrék ngageleuser kana genggerong. Aduh nikmatna. Hatur nuhun Ketua Cabang Rancabali. Katampi pisan. Bari haté mah terus mikir. Enya éta, mikiran tales jeung sampeu. Dua taneman atawa tatangkalan anu boga prinsip mandiri. Dipelak teu ngariweuhkeun anu melak. Teu perlu pamaliharaan anu geten. Malah aya anu jadi kusorangan, tanpa dipelak ku patani. Tapi sok sanajan kitu bisa méré hasil jeung manfaat anu badag ka manusa. Sampeu, timimiti beuti, tangkal, jeung daunna gede manfaatna. Malah cangkang sampeu oge bisa disayur. Beuti tales anu bear jadi sumber karbohidrat, tangkal jeung daunna bisa jadi lompong. Ieu téh rezeki kuring anu dititipkeun di Ketua Cabang Rancabali. Nuhun Pisan. Alhamdulillah. Terus nanya ka diri, naha ari kuring bakal bisa méré manfaat keur batur jiga sampeu jeung tales. Mudah-mudahan. Ningan loba pisan ciciptaan Pangeran anu kudu dibaca, dihartikeun, disikikeun, nepi ka jadi buah bekel hirup didunya, dina raraga neangan kasalametan diakhirat.

Prung acara, sok sanajan rada nundutan. Kacatet piwuruk Bapak Sekdis. Diantaranya, mun urang rék mantuan kabatur, omat ulah sok mikir buruh. Pokona mah mun rék nulung mah cing ikhlas. Da urusan rezeki mah geus aya anu ngatur. Dina tampolana mah éta rezeki tina tulung tinulungan téh, sok leuwih badag ti batan sangkaan. Bahasa agamana mah min haitsu la yahtasib. Piwuruk Bapak Sekdis diaminan ku Ketua Cabang Baleendah. Anu geus lila ngamalkeun kabiasaan kitu. Sok inget kana papagah kolot, anu aya dina pikukuh urang Sunda; silih asih, asah, jeung asuh. Anu dinyatakan dina kahirupan anu nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun, mere kanu daek, nganteurkeun kanu sieun. Sok iinget deui kana panalungtikan jalma-jalma palinter. Ningan jalma-jalma anu barenghar di alam dunya téh nyaeta jalma-jalma anu loba méré. Lain jalma anu loba narima

Dina acara anu ahir, bari katinggalina rada éra. Ketua Cabang Margahayu, nyabit-nyabit masalah biaya jamuan anu tos dihidangkeun ku Ketua Cabang Rancabali. Ketua Cabang Rancabali langsung ngajawab, yén éta mah teu kedah jadi emutan. Éstuning éta mah niat Ketua Cabang ngajamu para tatamu. Malah anjeuna nganuhunkeun, yén hidangan éta tos ditaruang kusadayana. Kitu ningan ari tos didadasaran ku kaikhlasan mah. Kuduna mah kuring anu pangheulana ngahaturkeun nuhun téh. Éeh malah kapiheulaan. Atuh duit cadangan dina saku kuring anu jang iuran teu jadi kaluar. Alhasil lumampah ti Kertasari ka Rancabali téh ukur beak duit opat puluh rebu. Dua puluh jang bensin motor, dua puluh jang rokok magnum. Boa-boa palajaran-palajaran ieu anu jadi sumanget kuring keur lumampah Ka Rancabali.

Hanca….

Shardun Tabayun, Rancabali 28 Agustus 2021.

0