Carita Poe Ieu, Iraha
Carita Poe Ieu
Iraha
Geus lila teu leuleumpangan di lapang. Bérés papagah ka budak supaya nyait sangu anu keur dihaneutkeun jeung mareuman kompor. Kuring make sapatu anu geus moléték kulitna. Lain kuring teu kabedag meuli. Tapi lamun hayang deui model sapatu kitu geus moal aya di toko.
Sakuriling leumpang, itung itung pemanasan. Dua kuriling ngincid. Kaopat ngarahuh. Geus kalimana mah diuk di sisi lapang. Anu rék ka kebon ngagaronjak, "Ru, hayu larina urang ka kebon! " Kuring ukur bisa nyéréngéh.
Enya, teu kolot teu ngora, teu awéwé teu lalaki, katinggalina teé sumanget pisan indit ka kebon téh. Ngajaringjing kantong anu dijieunna tina karung. Dina taktak ucang anggé pacul atawa rancatan. Malah aya anu nanggung opat karung gemuk. Dina kantong katinggali rantang. Jigana eusina bekel. Anu eusina moal jauh ti sangu, sambel, jeung goreng asin. Da éta anu wajibna mah. Ditambahan bala bala, kurupuk, menang nyampeur ti warung.

Lain éta anu jadi pikiran kuring. Lain sangu, sambel, goreng asin, bala bala jeung kurupuk anu pikabitaeun kuring. Tapi ninggali sumanget jeung kabungah anu katinggali ti jalma anu rék arindit ka kebon. Sumanget jiga euweuh kacapé. Bungah jiga euweuh kasusah. Ikhlas ngalakonan hirup unggal poé kokotoran jeung taneuh. Di kebon teu humandeuar ninggali pagawéeun. Estuning dikeureuyeuh, dileukeunan, dipapaés, dihahadé. Kapatan wortel marapat jiga menang ngajidaran. Kitu deui kapatan bawang daun. Mun aya jukut, geuwat dirabut. Mun aya hama geuwat diréngkas. Estuning dijaga, diriksa, dimumulé beurang jeung peuting.
Leng ngahuleng. Lamunan ngalayang. Jog, anjog ka sakola. Mun kuring bisa kitu ka sakola. Estuning bakal geurenah tumaninah. Guru betah, murid tumaninah. Iraha?
Sardun Tabayun, Mekarsari, 4 Nopember 2018

0
Post a Comment