Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Konyal Rasa Engang, Carita Poe Ieu

 


Carita Poé Ieu

Konyal Rasa Éngang

 

Bérés ngobat hui kumeli, térékél naék kana tangkal jéngjén. Sabab katinggali rantuy buah konyal meni karoneng.

Huapkeun hiji, karasa amis tiis. Ma'lum geus capé luat-léét késang. Huapkeun hiji deui, rapluk cangkang konyal. Teu karasa geus béak sapuluh. Loba kénéh konyal asak. Habeuk deui. Dua puluh konyal geus pindah kana beuteung.

Luhureun sirah kadéngé sora éngang. Gewat turun ti tuturubun. Orokaya, aya éngang anu meletuk lengeun kuring. Goblok téh, étah éngang anu ukur sagedé curuk orok, tapi nyocona nepi ka ngajedud kitu. Awak panas tiris, lengeun bareuh, karasa nyanyautan.

Gorobas, kuring ngaragrageun manéh kana rungkun. Éngang terus muru. Gewat hudang, lumpat sakalumpat lampét. Sajajalan ngahuhuh ngarasakeun kanyeri. Cai panon teu ka ampeuh, murubut ngabaseuhan pipi.

"Aduh Si Ujang meni getol. " Ceuk nini-nini nanya kuring.

Nyel haté keheul aya anu nanya kitu téh. Da sidik kuring téh keur nahan kanyeri. Rek dijawab da sidik geus teu kuat nahan kanyeri. Ari teu di jawab bisi doraka ka kolot. Kuring ukur unggeuk bari seuri saeutik.

Gewat kuring indit deui, bari rada lumpat, cai mata terus murubut nahan kanyeri. Kira kira lima puluh meter kadéngé ti tukang aya anu ngajorowok.

"Kujang.... kujang .... Kujang, kunaon lulumpatan, aya naon?

Reug deui kuring eureun bari haté beuki nafsu.

"Geus ti kebon, Ki " Ceuk kuring bari lumpat deui hayang geura nepi ka imah.

Eh, karek oge saratus meter lumpat, babaturan nanya deui.

"Sardun kunaon manéh ramisak, jeung éta lengeun maneh bareuh? " Ah, da ieu mah anu nanyana babaturan ku kuring dijawab bari dipolototan.

"Goblok aing téh geus dicoco engang. " bari lumpat deui satarikna, ngungkug teu nolih deui nanaon.

 

Sardun Tabayun, Pangandaran, 29 Desember 2018.

Obrolan jeung Ki Lanceuk.

 

0

Post a Comment