Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Bau Belenok, Carita Poe Ieu

 

 

Carita Poé Ieu

Bau Belenok

 

 

Muka WA grup. Isuk keneh jam lima geus aya anu chat. “Abdi dinten ieu diklatna di bumi, sambal istirahat”. Aya anu nembalan, “Muhun Bu Haji jagi kesehatan, Abdi mah masih di Cicalengka”. Babaturan anu lainna ngajawab, “Muhun abdi ge di bumi”.

“Heueuh ari geus barisa mah, daring téh di imah masing-masing. Teu kawas mimiti hayang babarengan”. Kitu norowéco hate kuring. Padahal kuring masih kénéh hayang babarengan. Éta supaya gratis pulsa. Da di sakola tempat daring aya wifi. Atuh ayeuna mah kuring kudu make kuota anu aya dina hp.

Ah, teu loba mikir. Buka laptop. Deker deui ngeureuyeuh tugas 2 OJT 1. Rada loba kekuatan dan kelemahan téh, da sisik tinggal mindahkeun tina rapor mutu 2020. Pas nuliskeun masalah ogé tinggal mindahkeun tina WA grup SD. Da peutingna geus dipenta ku kuring ka guru-guru. Teu karasa, jam dalapan karék bérés. Sup waé kana link diklat. Dina forum diskusi geus naragog babaturan sakelas.

Ceuk guru aya masalah, yén siswa téh ayeuna mah katinggali kurang rapih dina pakéan, asal-asalan. Buukna oge warna-warni. Ku kuring dituliskeun dina identifikasi masalah. Terus rét kana awak sorangan. Buuk acan disisiran, kaos sangsang urut saré acan diganti. Asa nyindiran ka kuring guru téh. Éta waktu keur Gmeet ogé teu jarang, kaluhur make baju bodas jeung dasi. Ari kahandapna make kolor anu geus opat poé teu diseuseuh.

Kira-kira jam sapuluh, dina diskusi geus méré komen. Teuing tah komén bener jeung henteuna mah. Anu penting mah komen wé. Keun baé, da ku anu dikomenan ogé can tangtu dibaca. Anu penting mah ngaran kuring muncul. Teu sadar aya anu asup kana irung. Bau belenok. Kuring rungah-ringeh. Saeunggeus sadar, heueuh bau belenok téh tina kélék kuring anu acan mandi. Aan nyikat gug deuih. Éta deuih handapeun bujal karasa tiris. Singhoreng kuring ukur make sarung jeung calana jéro.

Sadar kana kayaan, gewat kuring ka kamar, nyokot anduk rék mandi. Rét kana simbut, acan ditilepan. Ah, goledag deui saré. Hayang ngimpi keur dilantik.

 

Shardun Tabayun,

Kertasari, 15 September 2021

0

Post a Comment