Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Student Wellbeing, Carita Poe Ieu

 


Carita Poé Ieu

 

Student Wellbeing

 

Ha ha ha ... .Asa jajagoanan Kuring nulis carita maké judul Bahasa Inggris. Ah, keun baé, ieu mah rék nyanyahoan wé. Mun bener syukur, mun salah baé da keur diajar. Leuwih hadé salah dina diajar daripada embung diajar. Ah, éta mah ngubaran haté wé anu loba kasieun. Enya sieun salah.

Asa ngajenghok waktu ditanya ku pengajar,  naon ari student wellbeing téh? Asa acan wawuh kana istilah éta téh. Dibacaan dina materi anu tujuh modul ku kuring teu ka panggih. Panasaran muka google. Kapanggih yén student wellbeing teh “kesejahteraan siswa”. Ah, geus kitu mah tuluy google téh ditutup deui. Teu papanjangan mukana. Sieun beak pulsa deuih.

Bari ngadaweng di tepas imah, kuring ngalelebah. Enya meureun konsep student wellbeing téh kudu mernahkeun murid atawa barudak sakola dina posisi batin anu sejehtera. Ceuk kolot mah kudu ngarasa benghar batin, benghar hate. Barudak sakola ngarasa betah, genah, merenah, jeung tumaninah nalika aya di sakola. Rarasaan kitu di sakola téh kudu kabawa ka imahna masing-masing. Waktu di imah murid ngarasa sono hayang geura-geura ka sakola. Jigana, masih meureun ieu ogé, sakola téh kudu jadi imah kadua. Dina Bahasa Indonesia mah aya paribasa “Rumahku Surgaku”. Bisa jadi ogé “Sekolahku Surgaku”. Endah éta bahasa. Heuheuy deudeuh.

Jigana guru kudu nyekel peran salaku kolot atawa indung bapa kadua keur murid-muridna. Sagala kondisi jeung kabutuhan budak diperhatikeun. Pan kanyaah kolot atawa indung bapa kabudakna moal bisa dihargaan ku duit. Moal bisa dibales rék kumaha waé budak tumarimana ka kolot. Ari kapala sakola kudu nyekel peran salaku akina atawa ninina keur barudak sakola. Naha jeung kudu jadi aki jeung ninina? Asa teu nyambung. Enya, pan lamun guru jadi indung bapana murid, nya kapala sakola anu kudu jadi aki atawa ninina. Jadi pernahna murid téh incuna kapala sakola. Pan aki jeung nini mah leuwih nyaah ka incu téh dari pada indung bapana. Éya éta ogé karék béja ceuk batur, da kuring mah can boga incu. Hayang boga incu.

Ngalamun deui. Ngalelebah deui. Jigana dina ngalaksanakeun hubungan murid jeung guru, murid jeung kapala sakola, murid jeung murid, guru jeung guru, guru jeung kapala sakola. Dina gaul sapopoéna teu incah balilahan tina  papagah kolot. Papagah kolot anu sok biasa disebut pikukuh urang Sunda. Papagah kolot anu mana, enya papagah kolot anu kudu silih asih, silih asah, silih asuh, nulung kanu butuh, nalang kanu susah, ngahudangkeun kanu sare, ngajait kanu titeuleum, nyaangan kanu poekeun, mere kanu daek, jeung nganteurkeun kanu sieun. Jigana lamun papagah kolot éta ngabukti di sakola, bakal ngabukti student wellbeing téh.

Ngalamun deui, ngalelebah deui. Éh, inget tugas 3 OJT 1 acan bérés. Jadi teu kebat ngalamun téh. Hampura ah kuring nyanyahoan. Bisi salah, carékan wé. ngan nyarékana ulah kadéngé ku kuring.

 

Shardun Tabayun,

Kertasari, 16 September 2021

(Kaidean ku Pa Narsija)

 

 

0

Post a Comment