Ucing-Ucingan, Carita Poe Ieu
9/18/2021
Add Comment
Carita Poé Ieu
Ucing-Ucingan
(Jawaban kanggo ceu Hajah Neni)
“Sardun, sabaraha ari suku ucing?”
“Aya anu dua, aya anu opat, aya anu genep, aya oge anu loba.”
“Anu dua.”
“Edun perhatikeun ku manéh, Harepeun dunungan jiga teu butuh kana kadaharan. Dunungan malaweung, kadaharan ledis di legleg ku ucing. Kalakuan kitu téh badis jalma munafik. Ari jalma munafik sabaraha hiji sukuna? Pan sukuna dua.”
“Ari anu opat?’
"Éta mah “Ucing Meong.”
“Ari anu genep?”
“Eta mah “Ucing Uing”. Ucing sukuna opat, uing dua.Jadi genep.”
“Ari sukuna anu loba?”
“Eta mah anu Ucing-Ucingan.”
Shardun Tabayun,
Sukapura, 4 Januari 2017.

0
Post a Comment