Hari Bahasa Ibu dan Kurikulum
Begitu dalam arti kata "ilmu" menurut nenek moyang orang Sunda. Suatu pengetahuan belum dikatakan "ilmu" kalau hanya dijelaskan, diterangkan, atau didiskusikan saja. Pengetahuan akan menjadi ilmu apabila telah dijelaskan dan dibuktikan, atau dipraktikkan. Dengan ungkapan sederhana, Teori tambah praktik baru jadi ilmu. Lebih lengkapnya terdapat dalam cerita di bawah ini.
Carita Poรฉ Ieu
Poรฉ Basa Indung Jeung Kurikulum
Teuing naon anu aya dina pikiran kuring jeung nulis judul kitu. Tapi keun baรฉ da ningan ari keur ngalamun mah sok aya naon wรฉ dina pikiran tรฉh. Tapi anu jelas mah kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda anu ngabogaan basa indung Basa Sunda. Sok sanajan dina undak-usuk basa sok pabaliut waรฉ dina makรฉna. Basa keur batur kadang sok dipakรฉ keur sorangan. Eta mah sidik kasalahan kuring anu teu soson-soson dina diajar Basa Sunda.
Mun seug keur ngabrol jeung kolot sok sanajan bari heureuy, sok aya waรฉ anu ngait dina pikiran kuring. Waktu ngobrol masalah รฉlmu (kecap รฉlmu), kuring kataji. Ceuk kolot kuring, mun รฉlmu acan jeung prakna รฉta lain รฉlmu, tapi dongรฉng. Jelasna mah kieu mereun. Mun kuring ngabamblam di kelas nerangkeun matematika, misalna waรฉ nerangkeun lega bangun datar. Bor pinuh kutulisan, pinuh kugambar bangun datar, jeung pinuh kurumus bangun datar. Tah รฉta tรฉh acan jadi รฉlmu mun saukur diterangkeun. Tapi karรฉk jadi dongeng. Ari urusan dongรฉng pan bisa kamana waรฉ.
Kumaha atuh รฉta materi bangun datar supaya jadi รฉlmu. Kuring kudu bisa mawa pikiran, perasaan, emosi, panca indera budak atawa siswa kana ngalaksanakeun praktek ngukur bangun datar anu aya di sakurilingeun budak. Contona waรฉ ngukur jilid buku, ngukur meja budak, ngukur kelas, ngukur teras kelas, ngukur buruan kelas. Ulah ngan ngitung gambar bangun datar anu aya dina bor atawa dina soal waรฉ. Keur PR-na atawa tugas kokurikulรฉrna, siswa dibรฉrรฉ tugas ngukur lega kamarna di imah, ngukur tengah imah, ngukur dapur, ngukur kamar mandina, ngukur buruan imah jeung sajabana. Saha anu nyaho di antara murid anu ngukur imah tรฉh aya anu hayang jadi ahli bangunan. Saha anu apal di antara murid anu ngukur tanah tรฉh aya hayang jadi ahli pertanahan. Saha anu nyangka di antara murid anu ngukur imah teh aya anu hayang jadi ahli dekorasi atawa arsitek. Eta tรฉh karรฉk sabagรฉan leutik tina puluhan atawa ratusan materi anu kudu jadi รฉlmu dina diri murid. Lain ngan ukur jadi dongรฉng. Eta ogรฉ anu ukur didongรฉngkeun ku kuring anu sakieu kaayaannana.
Mun teu salah bรฉja jeung mun teu salah maca, dina kurikulum ayeuna, ceunah aya rumus, “Teori ditambah praktek sama dengan mata pelajaran (Teori + Praktek = Mata pelajaran). Lebah dieu kuring ngorรฉjat. Ngorรฉjat atoh, ngorรฉjat satuju, ngorรฉjat bungah jeung reueus. Asa akur jeung papagah kolot urang Sunda anu geus dituliskeun di luhur. Hartina sok sanajan guru jago nerangkeun materi Bahasa Indonesia, acan jadi mata pelajaran Bahasa Indonesia mun ukur nyoroscos teorina wungkul, tapi kudu jeung praktekna. Mun kuring piawai dina materi IPAS, รฉta acan jadi mata pelajaran IPAS mun acan bisa mawa murid ngalaksanakeun praktek. Singkatna acan jadi IPAS mun leuweung bolenang, urug dimana-mana, banjir diditu-didieu, sampah dimana-mana, solokan pinuh ku runtah, jeng sajabana.
Mun nyarita urusan รฉlmu, amal (praktek) jeung ikhlas sok inget kana pelajaran ti Imam Al-Ghazali “ Sakabeh manusa bakal cilaka, kecuali anu boga รฉmu, sakabeh anu boga รฉlmu bakal cilaka kecuali anu ngamalkeun, sakabeh anu ngamalkeun bakal cilaka kecuali anu ikhlas”. Kuring boga pamahaman yen “ngamalkeun” sarua jeung ngabuktikeun atawa praktek.
Cag heula, hampura kuring loba salah. Mun salah pangngomรฉankeun.
“Wilujeng Poรฉ Basa Indung”
Shardun Tabayun,
Sukapura, 21 Februari 2022

๐๐๐Sangat bermanfaat
ReplyDeleteTerima kasih
ReplyDeleteBaraqallah...
ReplyDeleteKerren,,
ReplyDeleteThis comment has been removed by the author.
ReplyDelete