Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Carita Poe Ieu, Teu Bisa Walakaya, Ngarakacak (Ceita tentang Tukang Kayu, Tukang Tembok, dan Penjual Perabot)

 


Carita Poé Ieu

 

Teu Bisa Walakaya

Lamun nilik kana nasib diri, ku asa peurih. Meunang ti susut ti dungdung, Awak kuru kentél peujit. Sapérak dua pérak dikekempit. Tong boro-boro anu rada badag, dalah anu teu sapira oge ngahaja ditabungkeun. Dina emprona, ku kuring ngahaja dibelikeun kana kai, semén, kenténg, bata, jeung sajabana.

Tapi, na éta mah  Si Sarjang jeung Si Heri kalakuanna euweuh pisan ras-rasan. Eta kai anu pararanjang ngalah dipotongan, dikadékan, malah aya ogé anu dicacag. Semen kalah diawur-awur kana keusik tuluy dicaian. Kitu deui, kenteng jeung bata dipotongan. Kuring teu bisa walakaya, teu bisa ngalawan. Bati hanjelu waé.

“Sarjang, Sarjang, Iraha manéh  rék cageur téh?”

“Heri, Heri, iraha maneh rék babalik pikir téh?’

Heueuh kitu ningan kalakuan tukang bas jeung tukang tembok mah.....

 

SHardun Tabayun,

Mekarsari,  2016

 

 

Carita Poé Ieu

Ngarakacak

Lamun seug merhatikeun kahirupan babataturan, haté sok ngarakacak. Teu luas. Milu sedih. Teu karas acai panon nambahan kesedih kuring. Rék nulungan teu bisa. Da Kuring ogé batan sakieu.

Karek oge sababaraha minggu diajar hirup rumah tangga, sagala parabot anu aya geus dijualan. Teuing manéhna téh geus teu bogaeun béas atawa teu boga keur sambeleun. Jeung teuing kumaha. Kuring  heran, éta lamun geus ngajual piring, sendok, gelas, termos atawa anu lainna. Manéhna sok katinggali jiga anu bungah.

Heueuh kitu ningan ari kalakuan tukang dagang parabot mah….

Shardun Tabayun,

Mekarsari,  2016

 

0

Post a Comment