Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Kesempatan Hidup (kesempetan Hirup) Carita Poe Ieu

 


 (Kalau kita pandai bersyukur, kesempatan dalam kehidupan akan datang setiap saat)

 

Carita Poe Ieu

Kasempetan Hirup

Isuk-isuk, bari reureuh balik ti lapang menbal tos lulumpatan, kuring panasaran muka fb. Barang bray dibuka kabaca status babaturan urang Limbangan anu ayeuna ngajar di Bekasi. Kieu statusna téh  “Ada pepatah yg mengatakan, kesempatan tak datang dua kali, tapi .... semoga aja pepatah itu bisa di tawar bisa 2 kali.”. Kuring jadi mikir, naha bener kasempetan ngan datang sakali atawa bisa ditawar nepi ka dua kali. Ah, ké lamun  kawénéhan papanggih jeung Si Sardun rék ditanyakeun. Ceuk kuring dina haté.

Kabeneran di tengah perjalanan rék ka sakola, kuring papanggih jeung  Si Shardun, jigana manéhna ogé rék ka sakola.

“Shardun, eureun heula, kuring aya tanyakeuneun!”

“Kabiasaan manéh mah lamun geus nanya téh, sok rék nanya naon?”

“Shardun, naha bener kasempetan ngan datang ukur sakali?”

“Salah.”  Jawab Shardun pondok.

“Naha bener kasempetan bisa ditawar nepi kadua kali?”

“Komo éta salah pisan. Jeung ditawar sagala kawas tukang dagang waé.”

“Cing, kumaha pamanggih manéh atuh, Shardun?”

“Déngékeun ku manéh cing kaharti. Ieuh, kasempetan bakal datang sababaraha kali, bisa puluhan, ratusan, rebuan , bisa oge jutaan kali.”

“Naha Shardun, pamanggih manéh mah asa béda pisan jeung pamanggih batur , sok atuh sebutkeun contona!”

“Yeuh perhatikeun, tiap detik, tiap menit manéh geus dibéré kasempetan pikeun ngalakukeun kahadéan. Geus sabaraha detik, sabaraha menit manéh hirup di alam dunya. Geus sakumaha anu dipaké keur ngalakukeun kahadéan.  Tiap poé manéh geus dibéré kasempetan keur ngalulakukeun sholat lima waktu, tiap minggu aya kesempetan pikeun ngalaksankeun sholat jum’at, tiap taun aya kesempetan pikeun ngalaksanakeun puasa di bulan Romadhon. Sok ceuk saha kasempetan ngan datang sakali jeung teu kudu ditawar-tawar dan tiap waktu ogé kasempetan mah aya. Keur manéh salaku guru tiap poé geus dibéré kasempetan pikeun méré elmu pangaweruh ka barudak sakola. Kadé manéh kudu nepi kadinya ngahartikeun kasempetan téh.

“Cing, conto anu lainna  Shardun?

“Tiap awal bulan manéh boga kasempetan narima gajih, tiap tilu bulan aya kasempetan narima sertifikasi, tiap tengah taun narima gajih tilu welas, tiap lebaran narima THR, Pan éta oge kasempetan. Manéh kudu bisa syukuran. Lain ieu mah ngomong wé “kesempatan hanya datang satu kali”. Ceuk saha éta téh.

“Shardun, kumaha anu geus teu narima gajih?”

“Eta ogé kasempetan keur teu narima gajih. Keun ambeh karasa ku beuheungna. Keun supaya mikir.”

“Aya kénéh,  Shardun?”

“Manéh ulah nanyakeun aya kénéh, da kasempetan mah moal bisa kaitung. Ngan urang salaku manusa sok loba balangah. kurang bisa syukuran. Jadi kasempetan anu sakitu lobana katinggalina ngan saeutik,  Malah aya anu sompral nyebutkeun yén kasempetan moal datang dua kali. Anu kitu mah salah kacida. Kadé manéh ulah kabawa ku sakaba-kaba. Jeung kadé manéh ulah poho. Urang saréréa boga kasempetan anu bakal datang saumur hirup”

“Kasempetan naon tah, Sardun?”

“Kesempetan hirup, hirup, jeung hirup!!! Catet dina ati sanubari manéh.”

 

Shardun Tabayun

Tutugan Pinggirsari, 24 Mei 2017

0

Post a Comment