Hayam Oge Boga Hutang
Carita Poe Ieu
Hayam Oge Boga Hutang
Asa jadi jalma penting, cacakan keur rapat mah, éta hp Si Sardun teu bisa répéh pisan. Kung-kring waé. Karék pék ngomong cara mesen buku online, geus kring deui waé hp. Ku Si Sardun gewat diangkat terus dibawa kaluar.
Si Sardun daria pisan ngobrol dina hp, jigana aya pibungaheun,
da katinggali manéhna sura-seuri sagala. Da Si Sardun mah lamun aya telpon ani
piduiteun mah sok gewat diangkat, malah waktu keur ngobrolna ogé sok katinggali
hayang kapuji ku batur.
Bérés narima telpon manéhna terus ngocoblak deui nerangkeun cara meli buku online. Kung-kring anu nelpon ogé geus teu ditolih deui, terus waé ngabamblam bari sok rada ngahina ka batur téh.
“Sardun, naha ari telpon anu tadi diangkat, ari anu kadua,
katilu malah nepi ka sapuluh kali ku manéh diharé-harékeun?
“Anu mimiti mah piduiteun, anu salapan kali deui mah anu rék
nagih.”
“Sardun, naha manéh boga hutang?
“Tong boro-boro déwék, hayam oge boga hutang.”
“Hayam saha anu boga hutang?”
“Apan manéh kamari nganjuk huut keur parab hayam.....”
“Belekok siah mah Sardun...”
Shardun Tabayun/Oma Ajah
Kertasari, 4 Mei 2017 (pernah diposting di FB Oma Ajah)

0
Post a Comment