Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Nyalisik manfaat diri

 


Carita Poe Ieu

Diajar Kana Hujan

Didagoan ku jalma loba. Diarep-arep ku balaréa. Pada ngabutuhkeun. Turun ti tempat anu luhur. Lamun kuring hujan, jigana bakal melak cangkéng dina taktak. Ngarasa sombong geus pada mikabutuh. Ngarasa reueus pada ngarep-ngarep. Ngarasa panglobana jasa.

Tapi teu kitu ningan ari hujan mah. Turun ti tempat anu luhur teu hayang dipapag didama-dama. Embung disambut diugung-ugung. Estuning ikhlas di mana waé diturunkeun. Rék ninggang kana taneuh anu empuk, siap. Kana taneuh teuas oge siap. Ninggang kana tembok beton oge moal kudu ramisak. Éstuning sadrah tumarima.

Anu ninggang kana taneuh terus nyulusup rék nyuburkeun taneuh, supaya pepelakan salubur. Anu terus mebes ka handap, hiji waktu ngumpul ngariung jadi sirah cai anu herang ngagenclang. Anu ninggang kana tembok beton terus ngamalir kana solokan. Tina solokan sup ka sawah, paré jadi subur. Sup ka kebon tatanen jadi bisa di panen. Sup kana balong lauk gubay geboy.

Anu jadi sirah cai, ngamalir ka imah-imah. Dipaké kabutuhan rumah tangga. Anu asup ka mana waé kabehanana neangan tempat anu handap. Ieu cirina makluk dépé-dépé teu adigung adiguna. Padahal loba pisan méré manfaatna.

Cai hujan terus muru ka tempat handap. Antukna nepi ka sagara. Lalakon cai hujan ti langit, murag ka bumi terus ka laut deui. Terus méré manfaat jeung barokah ka manusa. Geus ti laut jadi uap, naek ka langit ka bawa ku angin. Turun deui ka alam dunya. Méré deui mangjuta-juta manfaat ka jalma. Kitu-kitu jeung kitu.

Ayeuna malik ka diri. Ti isuk-isuk ka isuk-isuk. Ti poé ka poé. Ti minggu ka minggu. Ti bulan ka bulan. Ti taun ka taun. Teuing geus méré manfaat naon?

 

Sardun Tabayun

Cikitu, 2 September 2018.


0

Post a Comment