Jimat Jang Ngelehkeun Maung
Carita Poe Ieu
BUAH PRUT.
Aki-Aki jeung Nini-Nini keur ngala
suluh. Teu kanyahoan aya maung. Si Aki lumpat ngidul ari Si Nini lumpat ngalér.
Maung ngudag Si Aki. Di Harepeun Si Aki
aya catang ngahalangan. Blus waé Si Aki kana handapeun catang. Orokaya awakna
teu bisa asup kabeh. Bujurna teu bisa asup. Ahirna Si Aki nonggeng. Calana
morosot. Maung ngadekeutan bujur Si Aki anu geus teu dicalana.
“Alah kadala itu buah nanahaon.” Ceuk
maung. Keur kitu Si Aki teu katahan hayang hitut. Ngan “prut” wae Si Aki hitut.
“ Oh, buah prut ningan ngarana téh.
Naha ningan bau buah prut téh. Geus buruk meureun.” Ceuk maung bari ngaleos.
Maung geus jauh Si Aki gura-giru balik.
Di imah geus nyampak Si Nini. Isukna Si Aki ngajak Si Nini nyokot suluh anu
geus menang nalian di leuweung. Si Nini embung, da sieun aya deui maung. Si Aki
terus wae maksa. Ceuk Si Aki ulah hariwang da Aki boga jimat keur meruhkeun
maung. Si Nini éléh déét, atuh indit waé marengan Si aki. Waktu Si Aki rék
manggul suluh, torojol deui maung, Si Aki jeung Si Nini lumpat deui
sakalumpat-lampét. Si Aki lumpat ngalér, Si Nini lumpat ngidul. Eh.éta maung
ngalah ngudag anu lumpat ngidul, nyaeta si Nini. Di belah kidul aya catang anu
ngahalangan Si Aki tea. Atuh Si Nini oge blus waé ka handapeun catang. Anu bisa
asup ukur sirah jeung awak, bujur mah teu bisa asup. Si Nini nonggéng bari
sampingna morosot. Maung ngadekeutan bari melong.
“Alah buah prut téh geus aya anu ngala,
itu katinggali tinggal cupatna.” Ceuk maung bari terus ngaleos.
Shardun
Tabayun/Oma Ajah
Sukapura,
Desember 2016
Sumber
Carita, Ki Lanceuk

Anu jantenten pertarosan eta ai aki jeung si nini orang mana bah? 😄👍
ReplyDeleteSidikan duka urang mana
ReplyDelete