Artikel Terbaru Dari Shardun Tabayun

Jimat Jang Ngelehkeun Maung

 

Carita Poe Ieu

BUAH PRUT.

         Aki-Aki jeung Nini-Nini keur ngala suluh. Teu kanyahoan aya maung. Si Aki lumpat ngidul ari Si Nini lumpat ngalér. Maung ngudag Si Aki.  Di Harepeun Si Aki aya catang ngahalangan. Blus waé Si Aki kana handapeun catang. Orokaya awakna teu bisa asup kabeh. Bujurna teu bisa asup. Ahirna Si Aki nonggeng. Calana morosot. Maung ngadekeutan bujur Si Aki anu geus teu dicalana.

         “Alah kadala itu buah nanahaon.” Ceuk maung. Keur kitu Si Aki teu katahan hayang hitut. Ngan “prut” wae Si Aki hitut.

         “ Oh, buah prut ningan ngarana téh. Naha ningan bau buah prut téh. Geus buruk meureun.” Ceuk maung bari ngaleos.

         Maung geus jauh Si Aki gura-giru balik. Di imah geus nyampak Si Nini. Isukna Si Aki ngajak Si Nini nyokot suluh anu geus menang nalian di leuweung. Si Nini embung, da sieun aya deui maung. Si Aki terus wae maksa. Ceuk Si Aki ulah hariwang da Aki boga jimat keur meruhkeun maung. Si Nini éléh déét, atuh indit waé marengan Si aki. Waktu Si Aki rék manggul suluh, torojol deui maung, Si Aki jeung Si Nini lumpat deui sakalumpat-lampét. Si Aki lumpat ngalér, Si Nini lumpat ngidul. Eh.éta maung ngalah ngudag anu lumpat ngidul, nyaeta si Nini. Di belah kidul aya catang anu ngahalangan Si Aki tea. Atuh Si Nini oge blus waé ka handapeun catang. Anu bisa asup ukur sirah jeung awak, bujur mah teu bisa asup. Si Nini nonggéng bari sampingna morosot. Maung ngadekeutan bari melong.

         “Alah buah prut téh geus aya anu ngala, itu katinggali tinggal cupatna.” Ceuk maung bari terus ngaleos.

 

Shardun Tabayun/Oma Ajah

Sukapura, Desember 2016

Sumber Carita, Ki Lanceuk


2